4.3 Novel
Novel Sawangan kana Si Paser
Judul Buku : Si Paseur
Panulis : Tatang Sumarsono
Kandelna : 66 kaca
Pamaedal : CV. Geger Sunten
Citakan : Kahiji Bandung 1992; Kadua Bandung 1994; Katilu Bandung 1997
Novel ringkas Si Paser téh kieu:
Éson jeung bapana, geus arindit ka kebon pikeun ngagawean anu kudu direngsekeun poe éta ngan kari saeutik deui. Sabat Éson ngajanteng, sora anjing teh kadéngé deui patembalan jeung sora pamatang. Anu ayeuh-ayeuhan. Beuki lila kadengena beuki deuket. Éson buru-buru lumpat nyokot congkrang, taki-taki bisi aya boroan lumpat ka lebah menéhna. Keur kitu aya anu luncat, najan ngan sakiceup tapi Éson ketenjoeun, aya deui borona anu kadua jleng luncat ka kebon jagong di susul ku anjing meuni sadua-dua, anu ieu mah leuwih leutik. Gep baé di gégél suku tukangna. Éta sato té gegekan, nyerieun, ku Éson buru-buru di samperkeun. Habek waé éta tonggong anjing téh di tengeul. Son reuwas yén éta sato téh nya éta anak mencek anu di tangtayungan ku pamaréntah. Panon poe geus condong ka kulon. Pagawéan di kebon geus hampir réngsé, “Bah ari anak mencek urang kumahakeun?”. Bawa balik baé ”, Ceuk Abah, sanggeus tepi ka imahna, anak mencek teh di asupkeun kana jero kas Éson rék miara mencek téa nepika gedé. Ayeuna mah geus lindeuk anak mencek téh Sanggeus di piara aya sabulana. Ku Éson mimiti dileupaskeun di buruan. Kusabab éta anak mencek lumpatna tarik dibéré ngaran “Si Paser”. Ayeuna mah Si Paser atos gagah, Éson tandukna sok ngahaja sok di ularan ku minyak kalapa ngarah herang.
Dina hiji waktu bapana Éson kadatangan jurutulis désa. Maksudna rék ngolongan sangkan Éson ngalepaskeun deui mencek inguanana ka leuweung sabab urang miara tawa moro sato anu ditangtayungan téh di larang ku Undang-Undang. Lamun Éson keukeuh teu daekeun ngaleupaskeun si Paser. Ngan lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Éson daekeun ngaleupaskeun si Paser ka leuweung. Éta mencek dibawa ka leuweung, dileupaskeun. Éson kagegeringan. Tilu poé ti harita Si Paser téh balik deui.
Ahirna éta mencek téh dipasrahkeun, minangka hadiah ka Kebon Binatang. Son teu ngarasa kaleungitan teuing, da unggal waktu manéhna bisa ngalongokan sato kameumeutna.
0 Response to "4.3 Novel"
Posting Komentar