mobile setting

*SISINDIRAN*

Sisindiran asal kecap tina sindir anu hartosna cariosan anu dibalibirkeun atanapi henteu togmol. Dina sastra Sunda, anu disebat sisindiran téh nyaéta karya sastra anu nganggo ugeran anu dibalibirkeun.

Ugeran dina sisindiran nyaéta mangrupi:

1. Aya anu namina cangkang sareng eusi.

Dina paparikan sareng rarakitan aya dua jajar cangkang sareng dua jajar eusi. Dina wawangsalan mah anu janten cangkang téh cekap ku sakalimah, mung dikawitan ku runtuyan kecap anu nerangkeun hiji barang, dilajengkeun ku runtuyan kecap anu ngandung waleran atanapi eusi. Eusina mung ukur sakecap atanapi dua kecap  (saupami anu dimaksad téh mangrupi kecap kantétan).

2. Sorana anu murwakanti

Dina rarakitan sareng paparikan sora dina tungtung jajaran kahiji sareng katilu sami, kitu deui sora dina tungtung jajaran katilu sareng kaopat.

3. Jumlah engang dina sapadalisan ditangtoskeun.

Dina rarakitan sareng paparikan jumlah engang biasana aya 8. Aya ogé anu nyebatkeun tiasa dugi ka 12 engang nanging kaseuseueuran anu nganggo mah 8 engang.


Upami ditilik tina wangun tur cara ngébréhkeunana, sisindiran téh aya 3 rupi, nyaéta:

1. Rarakitan.

Asal kecap tina rakit hartosna pasang. Sarakit hartosna sapasang. Rarakitan hartosna papasangan. Kecap anu ngawitan dianggo dina padalisan atanapi jajaran kahiji sami atanapi sapasang sareng anu aya dina jajararan katilu, anu aya di jajaran kadua, sami sareng anu aya di jajaran kaopat.

Conto:

Aya peucang di buruan
Teu dibéré jujukutan
Aya mojang ngabaeudan
Teu dibéré sangu ketan

2. Paparikan.

Asal tina kecap parik atanapi parek, hartosna caket. Dina paparikan mah teu kedah sami pisan, asal sorana pacaket waé.

Conto:

Pantaran sagedé heulang
Bueuk deui bueuk deui
Lantaran gedé kamelang
Lieuk deui lieuk deui

3. Wawangsalan.

Asal kecap tina wangsal hartosna wangsul.
Biasana dikawitan ku runtuyan kecap anu nerangkeun hiji barang, salajengna diteraskeun ku runtuyan kecap sanésna anu sorana pacaket sareng anu bakal janten waleran atanapi eusi. Janten diwangsulkeun ku hiji kecap anu méh sami sareng sora anu bakal janten waleran.

Conto:

Abdi téh Si kembang bodas
Seungit matak narik ati
Wangsalna malati.


Upami ditilik tina eusina, rarakitan sareng paparikan téh aya 3 rupi, nyaéta:

1. Silih asih

Conto:

Cabé téh lada kacida
Padaharan kapanasan
Haté téh bungah kacida
Panutan badé narosan


2. Piwuruk

Conto:

Ulah harésé rék dahar
Sangkan jagjag teu salatri
Ulah harésé diajar
Sangkan loba ku pangarti

3. Sesebréd

Conto:

Ngala mayang ka Cikajang
Goréng teu aya kembangan
Kabayang mojangna lenjang
Horéng teu aya cangkéngan


Sumber:
Wiwaha Basa Purwakarta
Gapura Basa

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to " "