mobile setting

Kawih Sunda


Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga). Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.

Kawih mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh. Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan.ari rumpaka kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.



Unsur-unsur kawih nyaéta:

  1. Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih.
  2. Nada nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, handap asor, sombong, jsb.
  3. Rasa téh ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.
  4. Amanat nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna.



Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Kawih Sunda"