Carita pondok atawa Carpon
Carita pondok atawa Carpon
Ku. A.Yogaswara
Carita pondok nya éta karangan rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok
B. Ciri-ciri carita pondok
Ø Galur caritana basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa museur kana hiji kajadian utama. Biasana carpon mah ngagunakeun galur maju.
Ø Palakuna ukur dua nepi ka lima urang
Ø Jumlah kecapna 5.000-10.000 kecap
Ø Jumlah halamanna 3-5 halaman
Ø Lamun dibaca 10-15 menit anggeus
C. Béda carpon jeung dongéng
Dongéng mah sok aya bagian-bagian anu ngandung unsur pamohalan (teu asup akal) sedengkeun cerpon mah umumna eusina kabéh kaharti ku akal
Dina carpon palaku, jalan caritana, tempat kajadianana, diréka lir enya-enya kajadian
Gelarna carpon mah béh dieu sanggeus kapangaruhan ku sastra kulon, sedengkeun dongéng mah béh ditu atawa sastra buhun
Carpon sumebarna dina wangun tinulis, sedengkeun dongéng mah sumebarna dina wangun lisan
Carpon mah aya pangarangna, sedengkeun dongéng mah teu disebutkeun saha pangarangna (anonim).
D. Karya Sastra (carpon) jeung pangarangna
1. Dongéng Enténg ti Pasantrén karya RAF
2. Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi
3. Jurig, Paséa, jeung Nyi Karsih karya Tini Kartini
4. Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana
5. Halimun Peuting karya Iskandarwasid
6. Nu Harayang Dihargaan karya Darpan
E. Unsur-unsur dina carita pondok
Téma nya éta naon-naon anu dituliskeun ku pangarang dina karya sastrana nu nyoko kana hiji ide atawa konsépsi. Téma gé rupa-rupa pisan, aya téma carita saperti nu ngandung ajén moral, kamasarakatan, kaagamaan, kasajarahan, tatakrama, atikan, cinta, jsté.
Tokoh/palaku nya éta para palaku anu ngalalakon dina carita. Aya dua rupa palaku dina carita, nya éta palaku utama (protagonis) jeung palaku kadua (antagonis) anu jadi saingan atawa panghalang palaku utama dina ngahontal cita-citana.
Galur/ plot nya éta rakitan (struktur) rupaning kajadian carita nepi ka ngawujud leunjeuran carita. Aya rupa-rupa galur carita di antarana; a) Galur mérélé nya éta galur carita anu nyuguhkeun caritana mérélé atawa ngaruntuy; b) galur maju nya éta galur carita anu ngagambarkeun lalampahan tokoh ti awal nepi ka ahir kalawan ngaruntuy, carita henteu diselangan ku carita-carita lian nu teu perlu; c) Galur mundur nya éta galur carita anu dimimitian tina tungtung carita atawa épisode pamungkas heula; d) galur bobok tengah nya éta galur carita anu langsung kana tengah-tengah carita.
Latar/ setting nya éta tempat, waktu lumangsungna kajadian.
Sumber:
v Sudaryat, Yayat jeung Lilis Nur Ruhiyati. 2006 (citakan ka-1). Waruga Basa. Bandung: CV Karya IPTEK.
======================================================================= DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI
0 Response to "Carita pondok atawa Carpon "
Posting Komentar