mobile setting

Carpon Pinunjul 1 Pasanggiri Ngarang Carpon Tk. SMP Alpukah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2007. Cinyusu Saat Mantén Karya: Dévi Nandianti


Carpon Pinunjul 1 Pasanggiri Ngarang Carpon Tk. SMP
Alpukah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2007.

Cinyusu Saat Mantén
Karya: Dévi Nandianti

Di wétaneun lembur kuring aya hiji pasir anu pinuh kénéh ku tatangkalan, kayaning tangkal karét, jati, kacapi jeung sajabana. Di handapeun tangkal karét singkareclak cai nu katelah cinyusu.
  “Urang mandi di dieu waé, Man!” ceuk Dani ka Maman. Dani ngabedol leungeun Maman ka deukeut tangkal karét.
  “Tingali atuh, Man, ieu téh cai asli. Di dieu mah disebutna téh cinyusu!’ Tuluy Maman jeung Dani ka handap ngadeukeutan éta cinyusu. “Sigana téh seger wayah kieu mandi” ceuk Dani.
  “Caina tiis, nyecep nya, Dan?” ceuk Maman.
Tuluy Maman jeung Dani muka baju, gejebur waé marandi.   
  “Man, burukeun! Wayah kieu téh sok loba anu ka carai!”
  “Ké heula, sakeudeung deui atuh!” ceuk Maman téh.
Teu lila, torojol Marni jeung Nani datang bari mawa seuseuhan jeung béas dina boboko.
  “Dani, nuju naon ari Dani?” ceuk Marni bari rada isin. Dani jeung Maman reuwas asa kagebah.
  “Astagfirulloh, manawi téh putri nu gaduh ieu cai.” Dani némbalan bari nyokot baju nu disangsangkeun dina pager awi. Beungeut Dani jeung Maman bareureum lantaran éra, tuluy duanana tibuburanjat hanjat ka darat. Maranéhna éra pédah teu dibaju. Marni jeung Nani tingceuleukeuteuk ningali Dani rurusuhan maké calana.
Sanggeus kitu, Marni jeung Nani asup ka cai, pakéan seuseuheun dibanjur tuluy dikeueuman. Marni nangtung heula sakeudeung.
  “Aya naon, Mar?” ceuk Nani bari milu nangtung.
  “Ah, henteu. Bilih aya anu arameng di luhur, apan isin lamun badé gentos acuk.”
  “Enya. Ké heula cobi, urang tutupan ku pangirikan.” Ceuk Nani.
Keur kitu, torojol Bi Titin, Bi Umi, jeung Bi Enung.
  “Parawan téh geus di darieu, geuning,” ceuk Bi Titin bari nunda émbér seuseuhan.
  “Enya atuh, Ibi, ngarah kabagéan.” Ceuk Nani bari nyokot seuseuhanna.
   Sanggeus rada beurang, beuki pinuh baé di cai téh, komo lamun geus waktuna nyangu mah sok pada-pada bari mawa boboko isikan. Atuh da di lembur kuring mah hésé cai. Ari sumur anu ayaan mah ngan ukur hiji dua. Matakna sok marasang selang leutik ari keur mandi mah. Salian ti éta ogé aya susukan, pédah ari cai susukan mah kiruh, da osok loba anu ngaboyor keur ka sawah.
Beuki beurang beuki pinuh waé di cai téh, komo lolobana kolot mah, bari ngawangkong ngalér-ngidul.
  “Ari Bi Darmi téh jadi pepegatanana jeung Mang Harun téh?” ceuk Bi Titin.
  “Teuing atuh, cenah mah jadi!” ceuk Bi Enung.
  “Ku naon maké rék pepegatan sagala?” Bi Umi nanya da puguh can nyaho.
   “Kapan cenah pédah geus teu dikawulaan deui ayeuna téh!”
   “Naha maké kitu?” Bi Umi nanya bangun héran.
   “Bi Darmina sibuk baé nguruskeun anu asup CNI téa,” Bi Nunung ngajelaskeun.
Ngadéngé wangkongan kitu, Marni jeung Nani silipelong, tuluy ngaharéwos. “Ari nyeuseuh jeung Ibi-Ibi téh sok ngagosip waé!” ceuk Marni bari seuri.
   “Ieu mah geus jadi kabiasaan sapopoé” Nani némbalan lalaunan. Duanana tuluy sareuri.
Teu lila sanggeus nyeuseuh, Marni jeung Nani tuluy mandi maké samping kebat. Diguyurkeun éta cai kana awak, kacida pisan nyecepna ngabaalan kana kulit. Réngsé mandi, tuluy ngisikan béas nu aya dina boboko, sanggeus kitu ngala cai bawaeun keur nginum. Duanana baralik ti heula miheulaan Ibi-Ibi nu masih kénéh aranteng ngagosip.
Di jalan nu rék ka imah, duanana paamprok jeung Indung Nani, tuluy nyampeurkeun, “Aya naon, Ema nyusulan?” ceuk Nani.
   “Lain, itu burukeun aya Tati jeung Mang Udin. Cenah rék ngala sampeu anu luhureun Cipancuran,” ceuk Indung Nani bari nyokot seuseuhan.
   “Tos lami ngantosanna, Ma?”
  “Aya saparapat jam mah!”
Berebet Nani lumpat muru ka imahna. “Tati, Mang Udin, punten lami, nya! Ké sakedap badé gentos acuk heula,” ceuk Nani bari asup ka jero kamar. Teu lila Nani geus ka luar deui, maké baju nu paranti ka kebon. Ari kebon Tati  téh luhureun cinyusu téa. Loba dipelakan sampeu, cau, jeung bungbuahan séjénna. Di lembur kuring mah loba nu sok nyarieunan opak sampeu. Engké téh sampeu anu geus dijieun opak dibawa ka pasar didagangkeun atawa disimpenan di jongko-jongko langganan. Sampeu ti kebon Mang Udin mah sok alus waé beutina téh, jeung deui di lembur kuring mah Mang Udin téh kasohor bandar sampeu.
Sugan téh harita Mang Udin rék ngala sampeu ka kebon, singhoréng ngitung tangkal karét nu aya di luhureun pancuran jeung ngitung tangkal jéngjén, kitu deui tangkal mahoni.
   “Naha diétang, Mang? Kanggo naon?” ceuk Nani panasaran.
   “Puguh rék aya nu meuli keur pibahaneun cenah, rék dibajongkeun waé kabéh lumayan wani mahal!”
   “Aduh, lebar atuh, Mang?”
   “Ah, keun waé. Gampil melakan deui!”
Enya waé, isukna aya rombongan jalma anu nuaran tatangkalan luhureun cinyusu. Malah mah alat-alatna ogé kaitung modérn da aya ragaji mesin sagala. Teu kungsi saminggu, pasir luhureun cinyusu téh geus salin jinis jadi bulistir, gundul taya tatangkalan.
Ngan, matak hanjakal cinyusu anu salila ieu tara kungsi saat, ti harita ngurangan jeung ngurangan waé. Nepi ka hiji waktu mah cinyusu téh bener-bener saat. Urang lembur jadi katalangsara da euweuh deui sumber cai pikeun pangabutuh sapopoé.***

(Catetan: Ieu naskah pinunjul 1 pasanggiri ngarang tingkat SMP sa-Provinsi Jawa Barat 2007. Dévi murid kelas 9 SMP Kabupatén Purwakarta) 

( Dicutat tina Kandaga Wikara:2009)



Eusian Pananya di handap ieu dumasar kana wacana di luhur!
======================================================================= DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Carpon Pinunjul 1 Pasanggiri Ngarang Carpon Tk. SMP Alpukah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2007. Cinyusu Saat Mantén Karya: Dévi Nandianti"