TATAKRAMA BASA SUNDA
TATAKRAMA BASA SUNDA
Babagian ragam basa anu ngawengku ragam basa loma jeung ragam basa hormat, disebutna tatakrama basa, anu baheula mah disebut undak-unduk basa.
Nurutkeun harti kecapna, tatakrama basa sunda didieu nyaéta ragam basa.Lamun urang nyarita henteu maké tatakrama basa hartina teh henteu sopan.
Ari anu dimaksud tatakrama basa sunda didieu nyaéta ragam basa sunda anu dipakéna diluluyukeun jeung kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunna pikeun silih hormat jeung silih ajénan. jadi maksudna lain pikeun ngabéda-béda jelema, boh dumasar kana status sosialna, boh pangkatna, atawa turunan.
Sakumaha anu geus di tétélakeun di luhur sacara gurat badagna, kekecapan dina tatakrama basa sunda téh diwangun ku ragam basa loma jeung ragam basa hormat. Ragam basa hormat diwangun ku ragam basa hormat keur sorangan jeung ragam basa hormat keur ka batur.
Ragam basa loma, contona : balik, dahar, imah, indit, saré jeung sajabana. Conto kalimat : urang keur dahar jeung babaturan.Ragam basa hormat keur ka sorangan, contona : wangsul, neda, rorompok, mios,mondok. Conto kalimatna : rorompok simkuring mah nya kieu we ayana.Ragam basa keur ka batur ,contona : mulih, tuang, bumi, angkat, kulem. Conto kalimat : Hayu atuh tuang heula di bumi simkuring.
Loba anu patukeur teh dina ngarapalkeun kecap-kecap ragam basa hormat keur sorangan jeung ragam basa hormat keur ka batur contona balik (loma) jeung wangsul (hormat ker ka batur). Padahal upama ku urang ditetenan, kecap-kecap anu samodel kitu teh basa sunda mah henteu loba.
0 Response to "TATAKRAMA BASA SUNDA"
Posting Komentar