mobile setting

Pembelajaran Daring: Basa Sunda Kelas 7 (Tujuh) SMPN 1 Purwakarta



Pembelajaran Daring
Materi Sajak
Kelas: 7 ( Tujuh)
Guru: Ria Rosliana, S.S & A. Yogaswara, S.S,M.Pd


Materi Pembelajaran
v  Materi Pembelajaran Reguler:
v  Fakta:
Sajak mangrupa wangun karangan anu kauger
v  Konsep:
o   Sajak mangrupa karya sastra anu ditulis dina wangun puisi (ugeran).
v  Prinsip:
o   Sajak kabeungkeut ku ayana pada jeung padalisan. Ku lantaran kitu sajak kaasup kana karya sastra anu ditulis dina wangun puisi
v  Prosedur
o   Langkah-langkah membacakan sajak:
o   Memilih sajak yang akan dibaca
o   Membaca kembali isi dan maksudnya
o   Berlatih membacakan sajak sesuai dengan kaidah-kaidahnya
o   Membacakan sajak dengan penampilan yang baik sesuai dengan kaidah-kaidahnya
v  Materi Pembelajaran Remedial:
o   Pemberian tugas “Menyusun kalimat konotatif  dalam sajak
v  Materi Pembelajaran Pengayaan:
o   Mengerjakan soal-soal
Mikawanoh Sajak

Sajak téh karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna (génréna) mah, sarua jeung pupuh, pupujian, atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Mémang umumna sajak diwangun ku sababaraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu saeutik deuih sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa lancaran (prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna.
Kembang mangkak di buruan.
Kembang mangkak dina lamunan.

Hujan turun maseuhan bumi nu garing.
Hujan ngaguruh nurunkeun dodoja.

Upama kitu, naon atuh anu jadi ugeran dina sajak téh? Di antarana baé, sajak kauger ku diksi (pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Dina sajak diksi téh kacida pentingna. Ku sabab wangunna pondok, kecap-kecap anu digunakeun dina sajak mah éstu meunang milihan. Panyajak kudu tapis milihan kecap anu merenah tur ngandung harti nu anteb. Aya kecap anu ngandung perlambang (simbol), aya ogé anu ngandung babandingan (métafor). Éta sababna kecap-kecap anu dipaké dina sajak sok loba anu ngandung harti injeuman (konotatif), mangrupa perlambang kana hiji-hiji hal atawa kajadian, sarta ngawangun wirahma anu genah dibacana. Geura urang titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
Kecap “kembang” dina kalimah kahiji nuduhkeun harti nu saujratna, nya éta tutuwuhan nu sok jadi sarta mangkak di buruan. Ari dina kalimah kadua, hartina béda deui, nya éta kabungah atawa harepan nu nyangkaruk dina lamunan. Tegesna kembang téh jadi perlambang naon-naon nu éndah, harepan, kabungah jeung sajabana. Kitu deui dina kalimah katilu jeung kaopat di luhur, urang bisa ngararasakeun bédana harti kecap “hujan”. Dina kalimah katilu, hujan téh perlambang kasuburan (keur patani), ari dina kalimah kaopat, hujan téh perlambang amarah atawa dodoja (hukuman) pikeun manusa nu sarakah teu miara alam. Hujan nu ngaguruh dipaké babandingan (métafor) pikeun ngagambarkeun kumaha ruksakna kaayaan alam; hujan nimbulkeun caah, kasangsaraan, jeung sajabana.
Ari anu disebut purwakanti nya éta sasaruanana sora basa anu aya dina dua kecap (gundukan kecap) atawa leuwih. Sora basa anu sarua téh ayana bisa dina padalisan anu sarua, bisa ogé ayana dina padalisan anu béda. Bisa di bagian awal, tengah, atawa tungtung padalisan. Dina sajak di luhur, upamana, anu murwakanti téh aya dina tungtung padalisan anu béda.
Conto
            Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan                                 -an
            Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan   -an
            Dibaturan sobat ngaran rancatan                                            -an
            Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan                   -an

Asupna wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun 1950-an. Ti harita sajak kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, tug nepi ka kiwari. Sajak Sunda dimuat dina koran, majalah, sarta geus loba anu diterbitkeun mangrupa buku. Loba deuih panyajak Sunda anu muncul, di antarana baé: Kis Ws., Ajip Rosidi, Wahyu Wibisana, Karna Yudibrata, Dédy Windyagiri, Apip Mustopa, Surahman RM, Ayatrohaédi, Rachmat M. Sas Karana, Usép Romli HM, Yous Hamdan, Yayat Héndayana, Juniarso Ridwan, Godi Suwarna, Eddy D. Iskandar, Taufik Faturohman, Étty RS, Nita Widiati Éfsa, Acep Zamzam Noor, Soni Farid Maulana, Dian Héndrayana, Hadi AKS, Nazarudin Azhar, Chyé Rétty Isnéndés, Toni Lesmana.


Aki jeung Balon
Karya Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun
Ujang, Euis yeuh tingali barang Aki
Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya
Niupna ogé Aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari Aki sakieu nya kakolotan

Mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran
Lamun angin mut’erna téh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engké ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan téh pamali

Hiji dua léngkahna teuing ku beurat
Aya haté milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing di mana Si Aki tetep nya matuh
Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poé

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
Aki! Aki! Rék ka mana lamun panonpoé saré
(Dicutat tina naskah Kuwung-kuwung: Bacaan Kiwari Murid SMP/M.Ts.)


Latihan Soal
======================================================================= DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Pembelajaran Daring: Basa Sunda Kelas 7 (Tujuh) SMPN 1 Purwakarta"