3.2 Pedaran Warta
Mikawanoh Warta
Warta téh nyaéta katerangan atawa béja ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média massa, boh média citak saperti koran jeung majalah, boh média éléktronik saperti radio, televisi, jeung internét.
Dina seuhseuhanana mah warta téh dijieun dina wangun tinulis, sabab anu ditepikeun sacara lisan ogé ari dasarna mah warta dina wangun tinulis. Anu matak anu nepikeun warta dina radio atawa tipi disebutna “maca warta”.
Henteu sakabéh kajadian atawa hal pantes dijieun warta. Kajadian atawa hal anu bisa dijadikeun warta, upama:
1. Éta hal atawa kajadian téh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balarea.
2. Eta hal atawa kajadian téh dianggap bisa nyumponan kapanasaran nalarea.
5W + 1H
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut 5W+1H, nyaéta:
Who = (saha),
What = (naon),
why = (ku naon),
where = (di mana),
when = (iraha),
how = (kumaha).
Sanajan kitu, dina émprona mah sok aya anu ngamuat opat atawa lima unsur 5W + 1H baé dina wartana. Teu nanaon, asal nyumponan pasaratan pikeun disebut warta. Leuwih jéntréna mah, sual 5W + 1H ieu urang pedar dina bagian pangajaran nulis warta.
Upama ditilik tina adeganana, warta téh diwangun ku puhu warta jeung eusi warta. Bagéan puhu warta ngébréhkeun inti atawa poko-poko tina sagemblengna eusi warta. Ari bagéan eusi warta mangrupa wincikan atawa katerangan tina inti warta anu aya dina bagéan puhu warta. Anu matak upama urang hayang inti jeung jejer tina hiji warta, baca baé bagian tina puhu wartana. Puhu warta téh mangrupa paragraf munggaran dina warta.
Nulis warta téh henteu bisa sagawayah. Aya deui anu disebut Kode Étik Jurnalistik, diantarana baé kudu miboga sikep “asas praduga tak bersalah” atawa “henteu nyanyahoanan” . Anu matak tong kagét upama dina warta urang mindeng manggihan kecap “diduga” atawa diperkirakeun” Jadi henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum.
Warta mah diperedih salawasna kudu obyektif. Kudu nétral. Henteu mihak ka salasahiji pihak atawa golongan, henteu kacampuran ku opini atawa sawangan jeung pamadegan pribadi nunulisna. Warta salawasna kudu dumasar kana fakta atawa aya sumberna. Jadi henteu cukup ku diwangwang atawa dipapantes ku nu nulisna. Ari anu nulis warta disebutna wartawan, jurnalis, juru warta, atawa réporter.
Daptar Pustaka
Taufik Faturohman,spk.2017.Gapura Basa Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII. Bandung. Geger Sunten.
Laporan Pancen 3.2 Warta Klik di dieu!
0 Response to "3.2 Pedaran Warta"
Posting Komentar