mobile setting

SAJARAH NGADEGNA SAKOLA DI JAWA BARAT



Tatang Sumarsono
SAJARAH NGADEGNA SAKOLA DI JAWA BARAT
Pendidikan atawa atikan teu salawasna sarua jeung sakola. Ngan nya kitu, mun nyaritakeun pendidikan, anu pangheulana kasawang téh sakola katut wawangunanana—lembaga formal, anu di urang mah néplak jeung anu mimiti dijieunna ku urang Walanda; ilaharna sok disebut pendidikan modéren.
Padahal, dina kahirupan masarakat Sunda, saméméh aya sakola gé, ari prosés népakeun atawa tranformasi pangaweruh mah geus lumangsung, nyaéta anu ku urang sok disebut pendidikan tradisional téa. Apan aya pasantrén anu jadi salah sahiji bagian tina pendidikan Islam. Atuh saméméh jaman Islam, dina naskah heubeul ditétélakeun ayana padepokan, anu dina enas-enasna mah lembaga pendidikan kénéh éta gé.
Hasil panungtikan ngeunaan ngadegna sakola di Bandung jeung sabudeureunana di antarana kungsi ditulis ku Edi S. Ekadjati, spk. (taun 1986), judulna Sejarah Pendidikan Daerah Jawa Barat, wedalan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. Ringkesan matéri tina éta buku urang susun deui jadi ieu pedaran.
Istilah tuna aksara atawa buta huruf di masarakat urang sok dipatalikeun jeung kamampuh maca katut nulis ku aksara Latén. Padahal saméméh aya sakola ogé, saenyana urang Sunda téh henteu tuna aksara, apan aya aksara Arab pégon anu digunakeun pikeun nuliskeun naskah. Atuh leuwih jauhna ti dinya, apan aya aksara Sunda, anu dipaké dina prasasti Kawali, jaman Prabu Wastukancana.
Naskah heubeul di Sunda lolobana ditulis dina aksara Arab pégon. Henteu ngan ukur karya fiksi atawa sastra wungkul, tapi deuih bagbagan paélmuan lianna, kaasup bangsaning babad anu sok dipaké jadi salah sahiji sumber sajarah.
Urang Sunda mimiti wanoh kana aksara Latén téh sanggeusna aya sakola sakumaha anu ku urang ayeuna dipikawanoh. Nya di dinya diajar maca jeung nulis ku aksara Latén téh, anu tug ka kiwari masih terus digunakeun dina pakumbuhan. Ti harita mah aksara Arab pégon mimiti ditinggalkeun, sabab dianggap kurang praktis.
Bandung kawentarna kota pendidikan, sabab réa sakola anu diadegkeun, boh ku pokalna pamaréntah boh swasta. Ngan lamun urang niténan sajarah, di wewengkon Jawa Barat kiwari, sakola anu pangheulana aya téh lain di Bandung, tapi di Cirebon, nyaéta Europeesche Lagere School (ELS), dina taun 1820, mun ayeuna mah kira-kira sarua jeung SD.
Éta sakola téh lain pikeun barudak ti golongan bangsa pribumi, tapi pikeun urang Eropa, hususna Walanda. Anu matak kurikulumna ogé meleg-meleg nyonto ka sakola anu aya di Nagri Walanda. Dina awal abad ka-19 mah pamaréntah kolonial tacan mikiran pendidikan pikeun bangsa anu dijajahna.
ELS anu munggaran diadegkeun mah di Batavia (ayeuna Jakarta), taun 1817. Tilu taun ti harita, ditambahan deui jadi tujuh, nyaéta dua sakola di Batavia (di Weltevreden jeung di Molenvliet), lima sakola masing-masing di Cirebon, Semarang, Surakarta, Surabaya, jeung Gresik.
Dina abad ka-19, barudak ti gologan bumiputra mah kakara dibéré kasempetan diajar téh ti mimiti taun 1833, nyaéta ti sanggeusna pamaréntah kolonial nambahan jumlah sakola. Tina tujuh sakola anu husus pikeun barudak Walanda, dina taun 1833 ditambahan ku diadegkeunana sakola pikeun barudak inlander, tepi ka jumlahna jadi 19 sakola. Nambahan deui, dina taun 1845 jadi 25 sakola, taun 1858 jadi 57 sakola, taun 1895 jadi 159 sakola, jeung taun 1902 jadi 173 sakola.
Saenyana, pangna pamaréntah kolonial nyieunan sakola pikeun pribumi téh lain boga niat minterkeun bangsa urang, tapi ku sabab butuh ku pagawé anu murah buruhanana bari bisa maca jeung nulis ku aksara Latén.
Harita, pausahaan bogana urang Walanda, hususna perkebunan anu dug-deg di wewengkon Priangan geus mimiti maju. Kitu deui dina urusan pamaréntahan, ambahanana beuki ngalegaan.
Dina geus mekar kitu mah, pamohalan mun sagala urusan administrasi dicekel ku bangsa Walanda. Lamun ngahaja ngadatangkeun ti nagarana di Eropa, tangtu ongkosna mahal. Anu matak pamaréntah kolonial téh ngamangpaatkeun bangsa pribumi. Tangtu waé peran anu dibikeun ka bangsa urang mah ukur anu panghandapna.
Dina kamekaran saterusna, sakola dasar pikeun kelompok pribumi téh aya dua rupa. Aya anu disebut De Scholen der Eerste Klasse (Sakola Dasar Kelas Hiji), jeung De Scholen der Tweede Klasse (Sakola Dasar Kelas Dua).
Sakola Dasar Kelas Hiji, dina awal abad ka-20 ganti ngaran jadi HIS (Hollandsch Inlandsche School), lila diajarna tujuh taun, ngagunakeun basa Walanda pikeun basa panganteurna, tur diajangkeun pikeun barudak ti kulawarga ménak atawa kaom santana (kelas menengah). Éta pangna HIS mah ayana di puseur dayeuh karesidénan, kabupatén, jeung kawadanaan. Engkéna lulusan HIS téh bisa neruskeun ka sakola lanjutan.
Ari Sakola Dasar Kelas Dua diadegkeunana di pasisian, hususna di désa, lila diajarna lima taun, ngagunakeun basa daérah pikeun basa panganteurna. Kurikulumna ogé ukur ngawengku calistung (maca-nulis-ngitung). Saterusna mah istilahna téh jadi Sakola Désa. Muridna ogé umumna anak patani, padagang, atawa pagawé rendahan.
Pikeun calon pagawé pamaréntah, lamun ngandelkeun lulusan Sakola Dasar Kelas Hiji mah dianggap teu nyumponan sarat. Éta pangna dina taun 1865 pamaréntah kolonial ngadegkeun Hoofdenschool, di Tondano, Sulawesi. Tujuanana mah pikeun ngadidik calon pamongpraja ti golongan bangsa pribumi. Dina taun 1878, Hoofdenschool diadegkeun di Bandung, bareng jeung di Magelang katut Probolinggo.
Hoofdenschool ganti ngaran jadi OSVIA (Opleidinsg School voor Inlandsche Ambtenaren). Pikeun nuturkeun kamekaran jaman, OSVIA dirobah jadi MOSVIA (Middelbare Opleidinsg School voor Inlandsche Ambtenaren). Henteu ngan sakadar ganti ngaran, tapi posisina ogé ditingkatkeun. Mun tadina OSVIA ukur sakola lanjutan, tah MOSVIA mah jadi sakola lanjutan atas.
Urang Sunda anu lulus ti MOSVIA di antarana almarhum Prof. Muchtar Affandi, anu kungsi jeneng Rektor Unpas. Geura urang cutat sabagian tina pangalamanana:
“Asup ka MOSVIA téh taun 1935 kalawan dibarengan ku rékomendasi ti Bupati Sukabumi jeung Residén Bogor. Haktu harita, di sakuliah Hindia Walanda, MOSVIA téh ngan aya di Magelang wungkul. MOSVIA anu tadina di Bandung ogé aya, ditutup dina taun 1930, sarta kakara dibuka deui dina taun 1938, bareng pisan jeung waktuna kuring lulus ninggalkeun MOSVIA Magelang.
Anu ditarima bareng jeung kuring asup ka MOSVIA téh aya kira-kira 40 urang nu asalna ti Pulo Jawa, Madura, Bali, Sumatra, jeung Kalimantan. Tapi anu ti Jawa Kulon mah ngan tujuh urang, nyaéta Agus Suriasumantri (Sumedang), Ibrahim Sastranegara jeung Rusadi Wiradiningrat (Tasikmalaya). Muhammad Ahmad Martakusumah (Lebak), Ahmad Suriahaminata (Garut), Obos Yudawinata (Bandung), jeung Muchtar Affandi (Sukabumi).”
Sikep pamaréntah kolonial Walanda pikeun ngayakeun pendidikan pikeun bangsa pribumi dina awal abad ka-20 saenyana kapangaruhan ku pulitik étis. Ieu istilah téh jolna ti van Dedem, anggota parlemén Walanda, dina pidatona taun 1891. Nagri Walanda téh kahutangan budi ku bangsa pribumi alias inlander, sabab loba pisan nyokot kauntungan matéri ti tanah jajahan. Dina jero saabad, bangsa Walanda geus dibeungharkeun ku rupa-rupa panghasilan, anu saenyana mah geus meureut késang bangsa pribumi. Ku sabab kitu, bangsa Walanda kudu males ku kahadéan, di antarana enya-enya ningkatkeun pendidikan bangsa anu dijajahna.
Cindekna mah, Walanda téh ulah hayang ngeunahna wungkul, bari teu maliré rayat di nagri jajahan. Malahan mah Walanda téh lain kahutangan ku matéri wungkul anu jumlahna ngahontal jutaan gulden, tapi deuih hutang kahormatan. Kitu ceuk van Deventer anu gedé perhatianana kana nasib inlander. Walanda kudu boga tanggung jawab jeung wajib majukeun kahirupan bangsa pribumi.
Ku ayana pulitik étis, ahirna Nagri Walanda ngaluarkeun anggaran 40 juta gulden pikeun kapentingan kaom pribumi, di antarana pikeun ngawangun sakola di saban daérah. Aya parobahan sikep, tina tadina anu ukur mandang yén tanah jajahan téh sumber kauntungan, diposisikeun jadi daérah anu kudu sina mekar, boh kahirupanana boh budayana.
Éta pangna ti mimiti awal abad ka-20, sakola pikeun bangsa pribumi nambahan, boh jumlahna boh tingkatanana. Bandung anu harita geus jadi puseur dayeuh Karesidénan Priangan tambah ramé ku dug-degna sakola. Rupa-rupa sakola dasar, ditambah ku sakola lanjutan anu dibagi jadi sababaraha vak atawa kaahlian. Aya sakola guru, sakola pamongpraja, jeung sakola patukangan. Lian ti éta, diadegkeun paguron luhur deuih, anu ayeuna jadi ITB.
Dina awal abad ka-20, pamaréntah kolonial Walanda beuki ningkatkeun program pendidikan. Jumlah sakola ditambahan; anu tadina ukur tepi ka sawates di puseur dayeuh kawadanaan, saterusna dilegaan ka kacamatan jeung désa. Kitu deui tingkatanana; anu mimitina ukur pendidikan dasar, saterusna diayakeun sakola tingkat lanjutan, malah paguron luhur.
Pangna kitu téh lantaran jumlah pagawé anu dipikabutuh terus ningkat, hususna tanaga administrasi perkantoran, boh di lembaga pamaréntah boh di lembaga swasta. Taya deui jalan iwal pamaréntah kolonial ngamangpaatkeun pagawé bangsa pribumi anu bisa dibayar leuwih murah batan pagawé Walanda.
Dina kabuktianana, barudak ti golongan bangsa pribumi téh aya anu palinter. Sanggeusna dibéré kasempetan sakola, kamampuh mikirna ngaleuwihan umumna barudak Walanda. Hussein Dajadiningrat, upamana, dina umur 27 taun mampuh ngahontal gelar doktor di Universitas Leiden. Urang Sunda séjénna anu palinter dina jaman harita di antarana Iwa Kusumasumantri, Maria Ulfah, jeung Juanda Kartawijaya.
Pendidikan dasar dina awal abad ka-20 téh aya kana tilu rupana. ELS anu pangheulana aya, ti mimiti abad saméméhna, disayagikeun pikeun urang Walanda jeung Éropa lianna. Saterusna ELS narima murid bangsa pribumi, ngan saratna kudu ti lingkungan ningrat; anak bupati upamana, atawa anu dibéré rékoméndasi ku bupati. Urang Sunda anu kungsi sakola di ELS téh di antarana Didi Kartasasmita,malah saterusna bisa asup ka HBS (Hogere Burgerschool).
Ari pikeun barudak pribumi disadiakeun HIS jeung Volkschool (sok disebut Sakola Rayat atawa Sakola Désa). Pikeun barudak ti golongan bangsa Cina jeung Timur Asing lianna disadiakeun HCS (Hollandsch Chineesche School) anu dianggap sajajar jeung HIS.
Barudak pribumi ti golongan santana (kelas menengah, upamana waé pagawé pamaréntah, padagang, atawa tokoh masarakat) sakolana di HIS. Ari anak patani jeung kaom somahan lianna mah ukur bisa ditarima di Sakola Rayat.
Pikeun ningkatkeun kualitas pendidikan, pamaréntah kolonial ngadegkeun sakola lanjutan umum ajangkeuneun barudak pribumi. Taun 1914, nya diadegkeun MULO (Meer Uitgebreid Lager Onderwijs), mun ayeuna mah kira-kira satingkat jeung SMP. Anu bisa ditarima di MULO téh nyaéta lulusan HIS.
Saenyana ti méméh abad ka-20 ogé sakola lanjutan téh geus aya, nyaéta HBS, tapi lain pikeun bangsa pribumi. Teu béda ti ELS, anu bisa sakola di HBS téh nyaéta urang Eropa atawa anak bangsawan pribumi. Sakola di HBS lilana genep taun. Mun geus lulus ti dinya bisa neruskeun ka paguron luhur di Nagri Walanda.
Di Bandung, HBS téh ayana di Jalan Belitung (wawangunanana ayeuna dipaké SMAN 3). Tah, Didi Kartasasmita gé sakolana di dinya, ngan saméméhna kungsi namatkeun heula PHS (Prins Hendrik School). Ieu catetan Didi dina mémoarna:
“Di HBS, saya langsung diterima di kelas empat. Ternyata, di kelas itu hanya saya sendiri murid bumiputranya. Teman-temannya lainnya berkebangsaan Belanda atau Indo. Saya kira di kelas-kelas lain pun begitu, murid bumiputranya paling hanya satu-dua orang saja. Jumlah murid bumiputra di sekolah itu tidak akan lebih dari tiga puluh orang.”
Saterusna pamaréntah kolonial dina taun 1919 ngadegkeun AMS (Algemeene Middelbare School, mun ayeuna mah kira-kira satingkat jeung SMA), di Yogyakarta. Sataun ti harita karék diadegkeun di Bandung. Lulusan ti AMS engkéna bisa neruskeun ka paguron luhur.
Jadi lamun dipapay alurna mah barudak golongan pribumi téh sakolana ti HIS, diteruskeun ka MULO salila tilu taun, disambung deui ka AMS salila tilu taun. Keur ukuran jaman harita mah, lulusan AMS téh geus dianggap luhur, jeung mun digawé téh bisa disebut ménakna. Dina taun 1930-an, gajih pagawé lulusan AMS téh 50 gulden, sakumaha anu kaalaman ku Sobri Hardjapamekas. Harita, harga béas téh saliterna ukur lima sén (hartina duit 50 gulden téh kira-kira cukup keur sarébu litereun).
Sakola Rayat anu umumna diadegkeun di désa, saterusna mah sok disebut Sakola Désa deuih. Lila diajarna téh ukur tilu taun, tur ngagunakeun basa daérah pikeun basa panganteur sapopoéna. Tah, anu aya di wewengkon Priangan tangtuna gé ngagunakeun basa Sunda. Ari basa panganteur di HIS mah ngagunakeun basa Walanda.
Barudak di padésaan umumna ukur sakola di SR anu lilana tilu taun. Dina alam harita mah kudu dikukuprak sangkan barudak daékeun sakola téh. Pamong désa kudu nguriling ka saban lembur néangan calon murid. Mindeng pisan budak téh kolotna teu dibikeun sina sakola, sabab apan kudu mantuan gawé boh si sawah boh di kebon. Malah kungsi aya kajadian, cenah, mun di hiji kulawarga aya tilu budak, ku pamong désa téh ukur diwajibkeun hiji wé anu sina sakola mah.
Barudak anu bisa namatkeun SR, anu kaitung pinter bari ékonomi kulawargana mampuh mah bisa neruskeun sakola ka Vervolegschool (ku létah Sunda mah sok dilisankeun jadi Sakola Perpoleh), lilana tilu taun. Ieu sakola téh umumna aya di puseur dayeuh kacamatan. Anu kungsi sakola ka Perpoleh téh di antarana Haji Ma’soem suargi, pangusaha BBM kawentar di Jawa Barat.
Sajaba ti Perpoleh, aya deuih anu disebut Schakelschool (Sakola Sahakel ceuk urang Sunda mah). Ieu sakola téh diajangkeun pikeun lulusan SR anu hayang neruskeun ka MULO. Cindekna mah sakola sambungan. Lulusan SR anu kaitung pinter bisa neruskeun ka Sahakel, lilana lima taun. Mun geus meunang diploma ti dinya, kakara bisa neruskeun ka sakola lanjutan.
Jadi, lulusan SR téh bisa neruskeun ka Perpoleh atawa ka Sahakel. Lamun geus tamat ti Perpoleh teu bisa nuluykeun ka sakola lanjutan, ari ti Sahakel mah bisa. Lulusan ti Perpoleh kaitung geus manjing mun rék jadi pagawé handap, upamana waé pamong désa.
Sajaba ti sakola lanjutan umum, aya kajuruan deuih, sakumaha anu geus ditaratas ti abad saméméhna. Aya anu disebut Ambachtschool (Sakola Ambah anu husus pikeun ngadidik ahli téhnik, KWS anu terus robah jadi HIK pikeun calon guru), sakola pertanian, sakola pamongpraja, sakola kadokteran, jeung sajabana.
Ngeunaan sakola kadokteran, Sobri Hardjapamekas nerangkeun kieu:
Éta sakola, mimitina mah ngaranna téh STOVIA (School tot Opleiding van Indische Arsten). Réa anu nyebut Sakola Dokter Jawa, diadegkeunana dina ahir abad ka-19. Henteu pati écés naon pangna disebut kitu. Bisa jadi lantaran anu sakola di dinya, réréana mah urang Jawa, duméh tempatna di Pulo Jawa. Apan Éyang Soeradjibja gé lulusan Sakola Dokter Jawa.
Ari STOVIA mah henteu kaasup hoge school (paguron luhur). Ayeuna mah sabandingna téh jeung SMK. Ngan lulusanana langsung meunang gelar dokter. STOVIA kasohor minangka sakolana para tokoh anu naratas kebangkitan nasional. Urang Sunda anu sakola di STOVIA di antarana Djundjunan Setiakusumah anu ngadegkeun Paguyuban Pasundan.
STOVIA ahirna dibubarkeun. Saterusna pamaréntah ngadegkeun paguron luhur kadokteran anu disebut GHS (Geneeskundige Hogeschool), di Jakarta, anu ayeuna jadi Fakultas Kedokteran Universitas Indonesia.
Nambahanana jumlah sakola, dina kamekaran saterusna mah henteu ngan jadi hancengan pamaréntah wungkul. Pihak swasta gé mimiti dug-deg nyieun sakola. Paguyuban Pasundan, upamana, ngadegkeun HIS jeung MULO Pasundan di Tasikmalaya. Kitu deui organisasi lianna sarua nyarieun sakola, di antarana Muhamaddiyah. Kaasup deuih anu nyarieunan sakola téh organisasi kaagamaan séjénna.
Ari paguron luhur, anu pangheulana diadegkeun téh di Bandung, nyaéta THS (Technisch Hogeschool, anu ayeuna jadi ITB). Ieu paguron luhur téh diadegkeun ku alpukahna Boscha, milyarder Walanda anu jadi pangusaha perkebunan di Priangan. Soekarno kaasup bangsa pribumi anu lulus ti THS. Ari urang Sunda, anu sakola di THS téh di antarana Juanda, Ukar Bratakusuma (Gubernur Jawa Barat dina jaman perjuangan), jeung Mashudi (Gubernur Jabar 1960-1970)
Sanggeus ngadeg THS, pamaréntah muka paguron luhur lianna, di antarana GHS jeung RHS (Recht Hogeshool, atawa sakola tinggi hukum, ayeuna jadi Fakultas Hukum UI). Urang Sunda anu kungsi sakola di RHS di antarana Syafruddin Prawiranegara (kungsi sababaraha kali jadi menteri dina jaman pamaréntahan Presidén Soekarno) jeung Dajat Hardjakusumah (bapana Bimbo).
Sanggeus nagara urang merdéka, jumlah sakola terus nambahan. Tangtu waé kurikulumna ogé diluyukeun jeung kaayaan katut pangabutuh jaman. Ayeuna mah tingkatanana dibagi jadi: pendidikan dasar, pendidikan menengah (pertama jeung atas), jeung pendidikan tinggi. Peranan pihak swasta anu kasang tukang organisasina rupa-rupa gé beuki nambahan jeung ngalegaan, malah saterusna mah ngokolakeun paguron luhur.
Bandung masih tetep jadi kota pendidikan, apan ceuk dina sajarahna ogé ti baheulana geus kitu. Loba anu datang ngadon sakola di Bandung, anu sanggeusna tamat téh aya anu balik deui ka daérah masing-masing, jeung aya anu terus bumetah di Bandung. Éta pangna pangeusi Bandung téh beuki gegek waé.
Pangna ngabrul sakola di Bandung téh meureun tadina barudak sok dikawihan ku indungna lamun keur diéyong-éyong:
Néléngnéngkung, néléngnéngkung 
geura gedé geura jangkung 
geura sakola ka Bandung ….***
(tamat)

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "SAJARAH NGADEGNA SAKOLA DI JAWA BARAT"