Sarjana Nganggur diterkam Maung Lodaya di Kebon Binatang Bandung
SARJANA NGANGGUR DITERKAM MAUNG LODAYA....!
Tamat kuliah boga gelar S1 teu jadi jaminan. Ampir dua taun teu boga gawé. Ngalamar kaditu kadieu teu ditarima...duh nasib...!
Hiji mangsa bakat ku aral uing indit ka Kebon Binatang Bandung, susuganan aya lowongan.
Sarua hasilna ngégél curuk.
"Can aya lowongan...!" Cenah ceuk pingpinan Kebon Binatang.
Tapi, ceuk pingpinan teh, "Mun daek mah jadi monyet ngaganti monyét asli nu paéh mangkukna.
Saratna kudu daék maké baju monyét jeung kudu ngeusian kandang monyét nu kabeneran kosong".
Uing mikir, ahh... tinimang teu boga gawé teu boga, panghasilan euweuh, nekad wé narima.
Caritana harita kénéh uing maké baju monyét tuluy ngeusian kandang monyét nu kosong téa.
Unggal poé uing gugulayunan ngaheureuyan pangunjung kebon binatang.
Dasar nasib keur sial, waktu uing ngagulayun dina tambang teu ku hanteu ujug-ujug lésot.
Kuring ngalayang ragrag ka kandang maung lodaya.
Késang badag késang lembut ngadadak ngucur bakat ku sieun, komo barang nempo maung lodaya nu badag téh nyangéréng bari nyampeurkeun ngadeukeutan uing, uing beuki ngadégdég.
Kusabab euweuh pilumpateun antukna uing sadrah pasrah sumerah rék dihakan dicakar ogé sadaya-daya.
Si lodaya téh nyampeurkeun, beuki deukeut beuki deukeut.
Geus pahareup hareup, ari sugan teh manéhna rek ngahakan uing, singhoreng téh ngaharéwos ditompokeun kana ceuli,
"Tong sieun tong geumpeur, sanasib euy. Komo uing mah lulusan S2".
0 Response to "Sarjana Nganggur diterkam Maung Lodaya di Kebon Binatang Bandung"
Posting Komentar