Guguritan ku. A.Yogaswara
Guguritan
Ku: A.Yogaswara
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan. Katerampilan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé.Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.
Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan
Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh.Sawatara urang ahli netelakeun watesan ngeunaan guguritan. Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yen guguritan nyaeta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh.
Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46) nyebutkeun yen guguritan teh nya eta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nya eta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil panalungtikan Yus Rusyana jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna digunakeun dina guguritan teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Hal ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi lagu keur pupuh eta, atawa jeung sipat lalaguanana. Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Ti abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan. Taun 1822-1866 R. Haji Muhammad Musa nanggit Wulang Krama; taun 1865 .R.A. Bratadiwijaya nagnggit Asmarandana Lahir Batin; taun 1892 Haji Hasan Mustapa nganggit welasan rebu pada guguritan, upamana wae Kinanti Ngahurun Balung, Asmarandana Babalik Pikir, Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Pamolah Rasa, jeung sajabana.

· Bedana guguritan jeung jeung wawacan
Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon
· Pada dinu guguritan
Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna
Pupuh dina guguritan.
· Asmarandana
· Balakbak
· Dangdanggula
· Jurudemung
· Durma
· Gambuh
· Gurisa
· kinanti
· Ladrang
· Lambang
· Maskumambang
· Mijil
· Pangkur
· Pucung
· Magatru
· Sinom
· Wirangrong
Watek watek Guguritan
· Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
· Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
· Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
· Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
· Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.
· Kinanti
Watekna mihareup atwa prihatin.Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
· Ladrang
Watekna banyol pikaseurien.Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
· Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun iu opat padalisan.
· Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
· Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.Unggal pada diwangun kiu opat padalisan.
· Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
· Pangkur
Watekna nafsu, lulmampah ata sadia rek perang.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
· Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
· Sinom
Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan
· Wirangrong
Watekna era atawa wiring.Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Pupuh dibagi dua bagian:
1. Sekar ageung
2. Sekara alit
Sekar ageung nyaéta:
1. Kinanti
2. Sinom
3. Asmarandana
4. Dangdanggula
Diolah dari berbagai sumber
======================================================================= DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI
0 Response to "Guguritan ku. A.Yogaswara"
Posting Komentar