SAPAMAS: KAMUS BASAJAN
SAPAMAS: KAMUS BASAJAN
Kecap anu tos langki dianggo.
1. ADUAN: jalmi tukang ngawartoskeun kaawonan anu sanés ka guru atanapi ka dunungan.
Conto:
Kadé ulah sagawayah ngomong hareupeun Si Éta, aduan manéhna mah.
2. ADU TAWAR: nawis pangaos atanapi naon waé.
Conto:
Sanggeus adu tawar mah sok manéhna mikeun duit, atuh balikna téh nungtun domba.
3. ADU RÉNYOM: paseueur-seueur cariosan dina raraga parebut bebeneran.
Conto:
Di hareup aya anu keur adu rényom, atuh budak téh teu kaur saré.
4. AKUAN : ngahiap ku basa tur sikep anu saé ka tamu.
Conto:
Resep nganjang ka Bi Sopiah mah, akuan pisan.
5. ALAK PAUL : tebih pisan ka luhur.
Conto:
Di alak paul katingali célak-célak, boa éta téh pesawat nu mawa jemaah haji.
6. AMBÉN : tepas atanapi téras bumi panggung anu tina palupuh.
Conto:
Teu kuateun ku hareudang, balik ti kebon Mang Udin ngadayagdag heula dina ambén.
7. AMIS BUDI: saé budi, upami cumarios sok bari gumujeng.
Conto:
Néng Uci mah amis budi, numatak loba nu resepeun.
8. AMPUH: lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna.
Conto:
Néng Imas mah atuda ampuh, jadi moal aya anu wani ngaheureuyan.
9. ANDEGLÉNG : Calik ajeg bari raos tumaninah dina korsi.
Conto:
Basa nyimpang ka imahna, kasampak Juragan Rosid keur andegléng dina korsi.
10. ANGIR : ngumbah rambut, kuramas.
Conto:
Angiran atuh budak téh, geus kotor buukna.
11. ANJUN: tukang ngadamel parabot tina taneuh atanapi garabah.
Conto:
Butuh céngcéléngan mamaungan mah ka Mang Duloh wé da manéhna mah anjun.
12. ANGGUKLUNG: gedé hulu, sombong.
Conto:
Teu resep téh ku angguklungna, mani sagala diwawar-wawar pangabogana téh.
13. ANGKIR : pilari, ulem.
Conto:
Jig geura angkir Ibu Bidan téh, kawasna Si Nyai geus karasa.
14. ANTA : rasa cai tina sumur anu caket ka basisir, semu pangsét.
Conto:
Cai keur nginum mah meuli baé da di dieu mah anta.
15. ARAL: teu nampi kana kaayaan.
Conto:
Sakapeung mah sok aral ningali hahargaan terus nérékél téh.
16. ARANG: langka
Conto:
Arang manéhna mah datang ka imah téh, tapi sakali datang sok saminggu mondokna.
17. ASO, NGASO: reureuh, leleson
Conto:
Nu digarawé ngaso heula bari ngopi.
18. ASEUK: paranti ngaseuk atanapi ngadamel liang dina taneuh kanggo nyimpen binih. Didamelna tina kai panjang anu tungtungna méncos.
Conto:
Mang Minta keur nyeukeutan tungtung aseuk ku bedog.
19. ASEUPAN: paranti nyeupankeun sangu, anu wangunan siga gunung, didamelna tina awi anu dianyam.
Conto:
Meunang ngarih téh diasupkeun kana aseupan, tuluy dikana sééngkeun.
20. AYAKAN: paranti ngala lauk atanapi ngayak, didamelna tina awi anu dianyam rada carang.
Conto:
SAPAMAS: KAMUS BASAJAN
Kekecapan anu tos langki dianggo dina éntri B.
1. BABATANG: mayit
2. BACEM: digodog dina samara, biasana témpé atanapi hayam dibacem heula, nembé digoréng.
3. BADAL: anak lauk kanca
4. BADAMI: ngobrolkeun hiji perkawis dugi ka paheutna.
5. BADARAT: angkat-angkatan bari mapah.
6. BADAUS: kembang tiwu
7. BADAYA: tukang ngibing/tari di karaton atanapi di kabupatén.
8. BADÉGA: réncang atanapi anu babantos.
9. BADEUR: teu kénging diwartosan, tetep waé milampah anu lepat.
10. BADI: pakarang anu siga péso anu gagangna béngkok.
11. BADINDEU: réncang istri.
12. BADINGKUT: simbut anu tina sesebitan lamak anu dikaput dihijikeun.
13. BADODON: paranti ngala lauk anu ditandéan dina cai anu ngamalir.
14. BADOT: embé anu meujeuhna begér.
15. BAKETUT: raray anu baeud semu samutut
16. BAKUTET: ditalian sadayana, henteu mung ukur tungtungna wungkul.
17. BAJIR: sato sapertos sapi, munding, domba, atanapi embé anu henteu anakan. Biasana lintuh margi seueur gajihna.
18. BAJO: rampog
19. BAJRA: pakarang kapungkur anu sapertos gada atanapi gegendir.
20. BALAKAHÉMAN: paripolah anu saraosna, henteu ngaragangan nu sanés.
21. BALAKÉCRAKAN: jalmi seueuran tuang sasarengan.
22. BALAKUTAK: sato laut anu siga cumi-cumi.
23. BALIDEG: beurat mastaka rada rieut.
24. BALINCONG: pakakas paranti nugar, sabeulah lancip sabeulah seukeut.
25. BALIUNG: pakakas tukang kai anu tiasa dirobih cara masang kana gagangna dugi ka tiasa dua kagunaan, tiasa janten siga patik, tiasa janten siga rimbas.
26. BALUKANG, BALOKÉNG: palapah daun kalapa atanapi daun kawung.
27. BALUNG: 1. tulang 2. jawér hayam anu ka luhur.
28. BALUWENG: seueur kabingung.
29. BANGÉNAN: sering kékéngingan. Biasana dilarapkeun kanggo anu nguseup atanapi serit paranti ngala puntang (kutu).
30. BANGGA: hésé
31. BANGUN: siga
32. BANGKANANG: anak banténg
33. BANGKAWARAH, BANGKARWARAH: murangkalih anu bangor, teu sopan, tur awon paripolahna lir anu gagal dina ngatikna.
34. BANGUS: sungut sato anu sukuna opat.
35. BARANGASAN: gampil ambek bari galak.
36. BAREUBEU: pameunteu anu semu beureum ngemu kanalangsa.
37. BAREUEUS: pameunteu anu beureum jalaran teu damang panas atanapi tilas nangis.
38. BARUNTAK: 1. baruntak atanapi ngalawan ka nu ngajajah
2. ancur rumah tangga.
39. BASILAT: licik, teu jujur.
40. BAYONG: anak boncél. Boncél téh anak lauk kancra.
(Ani Herliani)
0 Response to "SAPAMAS: KAMUS BASAJAN"
Posting Komentar