Pembelajaran Daring: Basa Sunda Kelas 7 (Tujuh) SMPN 1 Purwakarta
Pembelajaran Daring
Materi Sajak
Kelas: 7 ( Tujuh)
Guru: Ria Rosliana, S.S & A. Yogaswara, S.S,M.Pd
Materi Pembelajaran
v
Materi
Pembelajaran Reguler:
v Fakta:
Sajak mangrupa wangun karangan anu kauger
v Konsep:
o
Sajak mangrupa karya sastra anu ditulis dina
wangun puisi (ugeran).
v Prinsip:
o Sajak kabeungkeut ku ayana pada jeung padalisan.
Ku lantaran kitu sajak kaasup kana karya sastra anu ditulis dina wangun puisi
v Prosedur
o Langkah-langkah membacakan sajak:
o
Memilih
sajak yang akan dibaca
o
Membaca kembali isi dan maksudnya
o Berlatih membacakan sajak sesuai dengan kaidah-kaidahnya
o Membacakan sajak dengan penampilan yang baik
sesuai dengan kaidah-kaidahnya
v
Materi
Pembelajaran Remedial:
o
Pemberian
tugas “Menyusun kalimat konotatif dalam sajak”
v Materi
Pembelajaran Pengayaan:
o
Mengerjakan
soal-soal
Mikawanoh Sajak
Sajak téh
karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna (génréna) mah, sarua
jeung pupuh, pupujian, atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu,
guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Mémang
umumna sajak diwangun ku sababaraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu
saeutik deuih sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa
lancaran (prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna.
Kembang mangkak
di buruan.
Kembang mangkak
dina lamunan.
Hujan turun maseuhan
bumi nu garing.
Hujan ngaguruh
nurunkeun dodoja.
Upama kitu, naon
atuh anu jadi ugeran dina sajak téh? Di antarana baé, sajak kauger ku diksi
(pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Dina sajak diksi téh kacida
pentingna. Ku sabab wangunna pondok, kecap-kecap anu digunakeun dina sajak mah
éstu meunang milihan. Panyajak kudu tapis milihan kecap anu merenah tur
ngandung harti nu anteb. Aya kecap anu ngandung perlambang (simbol), aya ogé
anu ngandung babandingan (métafor). Éta sababna kecap-kecap anu dipaké dina
sajak sok loba anu ngandung harti injeuman (konotatif), mangrupa perlambang
kana hiji-hiji hal atawa kajadian, sarta ngawangun wirahma anu genah dibacana.
Geura urang titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
Kecap “kembang”
dina kalimah kahiji nuduhkeun harti nu saujratna, nya éta tutuwuhan nu sok jadi
sarta mangkak di buruan. Ari dina kalimah kadua, hartina béda deui, nya éta
kabungah atawa harepan nu nyangkaruk dina lamunan. Tegesna kembang téh jadi
perlambang naon-naon nu éndah, harepan, kabungah jeung sajabana. Kitu deui dina
kalimah katilu jeung kaopat di luhur, urang bisa ngararasakeun bédana harti
kecap “hujan”. Dina kalimah katilu, hujan téh perlambang kasuburan (keur
patani), ari dina kalimah kaopat, hujan téh perlambang amarah atawa dodoja
(hukuman) pikeun manusa nu sarakah teu miara alam. Hujan nu ngaguruh dipaké
babandingan (métafor) pikeun ngagambarkeun kumaha ruksakna kaayaan alam; hujan
nimbulkeun caah, kasangsaraan, jeung sajabana.
Ari
anu disebut purwakanti nya éta sasaruanana sora basa anu aya dina dua kecap
(gundukan kecap) atawa leuwih. Sora basa anu sarua téh ayana bisa dina
padalisan anu sarua, bisa ogé ayana dina padalisan anu béda. Bisa di bagian
awal, tengah, atawa tungtung padalisan. Dina sajak di luhur, upamana, anu murwakanti
téh aya dina tungtung padalisan anu béda.
Conto
Beurat teuing
léngkah Aki ngukur jalan -an
Kota
Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan -an
Dibaturan
sobat ngaran rancatan -an
Anu
rantuy digantungan barang-barang kaulinan -an
Asupna
wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun 1950-an. Ti harita sajak
kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, tug nepi ka kiwari. Sajak
Sunda dimuat dina koran, majalah, sarta geus loba anu diterbitkeun mangrupa
buku. Loba deuih panyajak Sunda anu muncul, di antarana baé: Kis Ws., Ajip
Rosidi, Wahyu Wibisana, Karna Yudibrata, Dédy Windyagiri, Apip Mustopa,
Surahman RM, Ayatrohaédi, Rachmat M. Sas Karana, Usép Romli HM, Yous Hamdan,
Yayat Héndayana, Juniarso Ridwan, Godi Suwarna, Eddy D. Iskandar, Taufik
Faturohman, Étty RS, Nita Widiati Éfsa, Acep Zamzam Noor, Soni Farid Maulana,
Dian Héndrayana, Hadi AKS, Nazarudin Azhar, Chyé Rétty Isnéndés, Toni Lesmana.
Aki
jeung Balon
Karya Ami
Raksanagara
Beurat teuing
léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung
geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat
ngaran rancatan
Anu rantuy
digantungan barang-barang kaulinan
Kakapalan
kukudaan tarompét henteu tinggaleun
Geus biasa
unggal poé ka unggal budak nawarkeun
Ujang, Euis yeuh
tingali barang Aki
Geura galeuh
keur ameng engké di bumi
Aki! Aki! Abdi
mah da hoyong balon
Deudeuh teuing
kasép di Aki mah henteu aya
Niupna ogé Aki
mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da
kedah nganggo tanaga
Ari Aki sakieu
nya kakolotan
Mending ogé
kasép ieu yeuh kokolécéran
Lamun angin
mut’erna téh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing
engké ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu!
Kétang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasép
bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah
kasep ngaheureuyan téh pamali
Hiji dua
léngkahna teuing ku beurat
Aya haté milu
lewang paur umurna bret pegat
Teuing di mana
Si Aki tetep nya matuh
Boa dina iuh
tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata
kulitna asak ku poé
Aki, mun
ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun
ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
Aki, mun umur
pegat di jalan saha anu ngarawatan
Aki! Aki! Rék ka
mana lamun panonpoé saré
(Dicutat tina
naskah Kuwung-kuwung: Bacaan Kiwari Murid SMP/M.Ts.)
Latihan Soal
=======================================================================
DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI
0 Response to "Pembelajaran Daring: Basa Sunda Kelas 7 (Tujuh) SMPN 1 Purwakarta"
Posting Komentar