Pembelajaran Daring Basa Sunda Kelas 8
EMA, UING MAH EMBUNG LEBARAN
“Nyi Isah, omat nya, isuk ulah poho. Bawa baé budak mah, sina ulin
jeung Cép Zidan!”
“Mangga Bu Haji, diéstokeun pisan!”
Sup Nyi Isah ka imah. Rét ka budakna nu keur ngeletek ulin nyonyoo
momobilan palastik, momobilan nu kikipingna geus euweuh hiji. Anteng pisan
katempona.
“Ngéng....ngéng...ngéng! Tidiiiiiiiiiiiid...!”, nyeta-nyeta jalma nu
keur nyetiran mobil. Tuluy budak téh puputeran di tengah imah bari nanarik tali
rapia panyérédna.
“Ujang, isuk urang boga gawé di bumina Haji Ningrum. Ujang meunang
milu jeung Ema, tapi ulah bangor nya!”
“Enya”, budak téh unggeuk.
“Ulah galak ka Cép Zidan deuih!”
“Ah, teu sing. Saha nu sok galak. Aya gé manéhna nu sok galak ka
uing!”
“Piraku Cép Zidan ngagalakan teu pupuguh! Ujang nu nyieun gara-gara
ti heula meureun”
“Pira gé uing milu nyagap momobilanana. Alus tuda Ma!”
“Is, ulah sok culangung! Ujang mah neuleukeun wéh, ulah milu nyoo,
bisi ruksak!”
“Momobilanana bisa maju Ma!”
“Heueuh!”, pokna bari nilepan bubututan.
“Iraha uing boga cocooan cara kitu?”, téléndén ngadeukeutan ka
indungna.
“Jaga! Mun boga milik urang meuli nya! Asal Ujang kudu jadi budak
anu bageur. Budak anu soléh, nu nyaah ka Ema!”
“Enya, uing nyaah ka Ema!”, budak téh nyampeurkeun, tuluy
naleukeuman tonggong indungna.
“Jung geura beberesih, geura ngaji ka musola!”
Nyi Isah nangtung. Ngélék rigén wadah bubututan, tuluy diteundeun di
kamarna. Jol deui ka tengah imah, kasampak Jang Isan nyoo kénéh momobilan.
“Ujang! Bisi kaburu adan. Rék ngaji moal?”
“Anteur ku Ema!”
“Ari Ujang kunaon? Biasana gé sok indit sorangan apanan!”
“Ceuk babaturan uing di musola, cenah uing mah teu meunang ngaji Ma,
acan beresih cenah! Ari uing naonna nu can beresih téh kitu? Apan unggal rék
indit ka musola gé uing téh mandi heula!”
Nyi Isah teu ngajawab. Panonna carindakdak. Lalaunan manéhna sideku.
Beungeut anakna diteuteup, tuluy sirahna diusapan. Pok manéhna ngomong.
“Nam, geura ka cai. Ku Ema dianteurkeun ka musola. Ema rék nepungan
Ustad Jamil ngarah babaturan Ujang diwurukan. Ulah aya deui nu nyaram Ujang
ngaji ka musola.”
Budak téh geuning ngagugu. Léos indit muru jamban. Jamban nu kacida
basajanna, sarua basajanna jeung kaayaan kahirupanana. Nyi Isah andiprek émok.
Lila-lila cimatana nu ngilu cumarita. Sawirahma jeung inghakna manéhna
sumambat. Nyambat nu geus taya di kieuna.
“Kang Pardi! Budak urang acan disundatan!”
“Ema, hayu!”, lamunanana kagebah ku sora anakna. Léos duanana
arindit ka musola. Jang Isan katempona jigrah naker. Boga gunung pananggeuhan.
Ceuk pamikirna, moal aya deui anu bisa gojéh masualkeun ayana manéhna di musola
sabab ku indungna rék dilaporkeun ka Pa Ustad.
***
Balik buburuh téh rébo ku babawaan. Baju koko lulungsuran aya kana
tilu setélna. Keur Jang Isan. Wareuteuh kénéh. Lian ti kitu dibekelan ogé
rupa-rupa kadaharan. Kadahara nu ngareunah, kadaharan jalma jegud, nu salila
ieu langka pisan kaasaan ku jalma pantar Nyi Isah. Bagja kumanjangan. Najan
bari rada kerung, teu wudu haténa guligah. Kabaca tina gidigna. Kagambar tina
gedig léngkahna. Dina pipikiranana pinuh ku rupa-rupa pertanyaan. Kunaon poé
ieu Haji Ningrum sakulawarga balabah pisan? Pa Haji nu biasana judad-jadeud téh
poé ieu mah ngadak-ngadak bet soméah. Nyambat tur ngahiap-hiap Jang Isan sina
bareng ulin reujeung incu kakasihna.
“Yap ka dieu Jang Isan. Ulin jeung Cép Zidan. Yeuh, Pa Haji méré
peremén!”, song hiji diasongkeun ka Jang Isan, demi nu sapak weuteuhna
dibérékeun ka Cép Zidan, incu kakasihna téa.
“Poé éta ogé, ngadak-ngadak Cép Zidan bageur sikepna. Tara tuluy
nékéan anakna. Aya naon-aya naon?
“Ma, baju ti Cép Zidan ké soré rék dipaké tarawéhan nya!”
“Heug! Ulah heureuy di musola téh nya Ujang!”
“Enya Ma!
“Lain tempat jang heureuy di musola mah!”
“Enya! Uing mah tara heureuy, sieun di jiwir Pa Ustad. Ma, resep
uing mah mun bulan puasa téh. Loba jalma nu barangkirim ka imah urang.
Jalma-jalma ngadak-ngadak balageur deuih ka uing.”
“Heueuh, Ema gé kakara sadar! Paingan atuh.....!”
“Paingan Pa Haji bageur. Paingan Cép Zidan eureun nékéan uing. Pan
ayeuna téh bulan puasa Ma.”
“Is, ulah sok boga pikir goréng ka batur. Anggur tarimakeun, urang
keur boga rejeki. Nam geura ka cai.”
“Uing mah embung panggih jeung lebaran Ma! Hayang salilana bulan
puasa. Ngarah uing seubeuh barangdahar nu ngareunah. Ngarah uing loba nu méré
baju ajang indit ka musola. Ngarah uing....”
“Geus........ulah ngomong baé! Nam geura tatan-tatan, pan deuk
tarawéhan!”
Nyi Isah ngaheneng deui. Aya benerna caritaan anakna téh. Dina bulan
Romadon mah kapan ceuk Ustad Jamil gé iblis téh dicangcang jeung diborogod.
Iblis nu sok ngaharéwosan nitah kumed ka kaum fakir miskin keur dicarangcang.
Munasabah kabéh jalma paloba-loba ngalakukeun kahadéan. Paheula-heula
padamilampah kahadéan. Naon sababna? Sabab taya sétan anu sok rajeun nyarékna.
Lian ti kitu, ganjaranana dilipettikelkeun. Tina hiji kahadéan nu dipilampahna,
meunang ganjaran nepi ka sarébu kali lipet. Lebah dieu agungna ajaran Islam
téh. Agungna bulan Romadon nu pinuh ku barokah jadi kabagjaan pikeun sakabéh
jalma, kaasup jalma-jalma nu hirupna siga Nyi Isah.
Unggal poé téh aya wéh nu nganteuran dahareun ka imahna. Kitu wéh,
rupa-rupa kadaharan has bulan puasa. Kolek cau, candil, bubur sumsum, jeung és
buah. Malah mah nu mahanan deungeun sanguna gé aya. Enya, mahanan deungeun
sangu keur buka reujeung saurna meureun. Sabada sapoé jeput Nyi Isah buburuh
baranggawé di imah jalma nu nitahna. Komo Jang Isan mah, kacida bungaheunana.
Ku indungna diwurukan sangkan cacap puasana. Meureun neurak papatahna,
katempona budakna jadi sumanget. Sumanget dina ngalakonan puasana kitu deui
tarawéhna.
Pasti kana kituna téh. Lain baé pédah diwurukan ku indungna. Aya hal
séjén nu nambahan sumangetna. Kapan ayeuna mah baju kokona aya keur ganti. Kitu
deui kopéahna. Malah mah sendalna gé milu ganti. Teu weléh bari haharingan
pareng inditna ka musola ogé. Ngahariring lagu nadom meunang ngawurukan Ustad
Jamil di pangajian.
“Solatulloh, salamulloh. ‘Ala toha rosulillah”, sorana nu rada
cempréng ngusapan kapeurih indungna. Kapeurih ku héngkérna pangaboga. Kapeurih
ku waluratna kaayaan. Sasat hirup aya dina tungtung curuk batur, miharep nu
haat milu mikahéman kana nasib kahirupanana. Ngan hiji nu jadi pangbeberah
haténa. Hiji nu jadi pangbébénjo kapeurih hirupna. Jang Isan! Dina do’a nu
dipéntana, dina amparan harepanana ukur hiji nu tuluy digalindengkeun, sangkan
Jang Isan jadi budak anu soléh. Daék ngaji, daék salat, daék puasa sarta
mikahormat nu jadi kolotna.
Puasa manjing waktu katompérnakeun. Di unggal imah mimiti euyeub ku
karancagéan masing-masing pangeusina. Nu barangjieun kadaharan, nu getén
beberesih jeung mapaés kaayaan imahna, nu aleut-aleutan balanja sarta nu
paagul-agul darajat kahirupanana ogé aya. Sedeng Nyi Isah nasibna henteu
barobah. Ti mangsa ka mangsa. Ti taun ka taun. Angger. Manéhna ukur jadi
panongton nu satia. Nyérangkeun ku panon haténa nu sabenerna ditalian rasa
ngenes. Ngenes kana nasib nu ngabaguded dirina.
Puasa katompérnakeun. Kaayan di musola Ustad Jamil geus mimiti
haneuteun. Haneuteun ku réana jalma-jalma nu deuk ngayakeun takbiran.
Kolot-budak tinglaliud, minuhan legana éta patempatan. Allohu akbar-allohu
akabar! Sora takbir ngabuana aweuhanna. Ngajak muji kana kaagungan Nu Maha
Murbéing alam. Ngajak nyucikeun diri tina rereged dosa-perdosaan salila hirup
kumelendang di alam pawenangan.
Allohu akbar-allohu akbar! Sora takbir minuhan madhab papat. Keur
sadirieun Nyi Isah, sora takbir jadi robah wirahmana. Jadi kawih nu ngagerihan
gurat-gurat kapeurih dina dirina. Sora takbir karasana nambah kelar ninggang
raga. Raga nu mimiti dieunteupan kahariwang. Mun puasa geus lekasan, naha bakal
aya kénéh jalma nu haat nyambung nyawana? Nongtoréng kénéh na pangdéngéna, basa
Jang Isan nyarita, “Ema! Uing mah embung lebaran.”
Sumber: Carpon Mangle, 8-14 September 2011 No: 2338
Mikawanoh Carpon
Carita pondok (carpon) téh wangun
karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon
téh saruana jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu
pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé.
Disebut
carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah
tamat sacaritaeun.
Lebah ukuran pondokna, aya anu
ngukur ku jumlah kecapna nya éta antara 5.000 – 10.000 kecap. Aya ogé ngukurku
waktu macana, nya éta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepi ka réngsé
téh. Tapi umumna carita pondok Sunda, upama diketik dua spasi maké ukuran
kertas A4 téh, antara 4 – 8 lembar. Tangtu wé carpon barudak mah, umumna leuwih
pondok ti dinya.
Kajadian-kajadianana ogé dina carpon
mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu
dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu
dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan
caritana teu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui parapalakuna
tara loba-loba. Malah tara saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak
sakapeung mah watek-watek palakuna ogé teu kagambar kalawan gembleng kawas dina
novel. Pangna kitu téh lantaran kasengker ku carita anu kuduna pondok téa.
Ilaharna pangarang sok ngagunakeun
palaku “kuring” atawa “manéhna”.
Carpon kaasup kana carita fiksi nya
éta karangan ciciptan, hartina lain kajadian saényana, sanajan diréka saperti
anu enya-enya kajadian.
Carpon ogé miboga unsur-unsur
sakumaha ilaharna prosa fiksi lianna, saperti dongéng jeung novel, anu
ngawengku:
- Téma
Téma disebut ogé jejer nya éta inti
pikiran atawa puseur implengan pangarang anu kagambar dina karyana. Pikeun
nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna.
Kadé ulah pahili jeung motif. Ari anu
disebut motif mah nya éta unsur utama anu mindeng muncul dina carita, upamana
baé: “Jalma jahat mah awal ahir bakal kapanggih” atawa “Jalma jahat pasti
meunang wawales, jalma bener pasti meunang kabagjaan”. Éta mah motif anu
mindeng kapanggih dina dongéng jeung carita-carita barudak.
- Palaku
Palaku atawa tokoh carita nya éta
ngaran-ngaran anu ngalakonkeun dina carita. Loba saeutikna palaku gumantung
kana kabutuh caritana baé. Umumna palaku dina carpon leuwih saeutik tibatan palaku
dina novel.
Dumasar kana kalungguhanana dina carita
palaku téh aya anu disebut palaku utama, palaku kadua, jeung palaku tambahan.
Sanajan ukur ciciptan (fiksi), palaku
téh hirup sakumaha ilaharna manusa biasa. Di antarana baé boga kahayang jeung
pasipatan (karakter) anu tangtu.
- Latar
Latar téh aya dua rupa nya éta alur
waktu jeung tempat. Latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana, ari latar tempat
nuduhkeun di mana kajadianana.
- Alur
Alur atawa plot téh nya éta runtuyan
kajadian anu ngawangun jalan carita. Cara midangkeunana diluyukeun jeung tujuan
anu hayang dihontal ku pangarang. Kaasup nangtukeun heula-pandeurina hubungan
kajadian nu hiji jeung kajadian séjénna.
- Amanat
Amanat téh nya éta pesen pangarang anu
hayang ditepikeun ka nu maca. Amanat téh aya anu nyamuni dina alur carita, aya
anu dibejakeun langsung. Pikeun nganyahokeun amanat hiji carita, urang kudu
maca éta carita nepi ka réngsé. Aya kalana amanat téh raket patalina jeung téma
caritana.
LATIHAN SOAL
Waspada Covid-19 Klik Didieu ======================================================================= DONASI PEDULI BENCANA ALAM TANPA MENGELUARKAN UANG KLIK DISINI
0 Response to "Pembelajaran Daring Basa Sunda Kelas 8 "
Posting Komentar