3.3 Pupujian
A. Bacaan
Urang mindeng ngadéngékeun nu pupujian, boh di masjid boh di
madrasah. Ari di masjid, biasana mah dihaleuangkeunana téh saméméh manjing kana
waktu solat. Ari di madrasah mah biasana dihaleuangkeunana sabot nungguan
pangajian dimimitian. Sangkan leuwih tétéla, pék regepkeun pupujian di handap
anu dihaleuangkeun ku salasaurang babaturan hidep!
Pupujian
(1)
Pépéling
Hayu geura saradia,
meungpeung keur hirup di dunya,
amal keur sampeureun téa,
di ahir moal sulaya.
Geuning maot ngadodoho,
boro sok dipoho-poho,
datangna teu méré nyaho,
ngageretak taya témpo.
Taya beurang taya peuting,
taya raja taya kuring,
di mana ajal geus sumping,
teu meunang témpo anaking.
Horéng nyawa reujeung badan,
nu geus lila babarengan,
datang mangsa pipisahan,
paturay tineung amitan.
Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan,
Kabéh pasti ngarandapan,
Geuning awak urang pisan.
(Dicutat tina Lima Abad Sastra
Sunda, 2000: 538-539)
Pupujian
(2)
Anak
Adam
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara,
hirup anjeun di dunya téh moal lila.
Umur anjeun unggal poé dikurangan,
beurang-peuting umur anjeun
dicontangan.
Anak Adam anjeun ulah kajongjonan,
néangan harta banda teu jeung jeujeuhan.
Kana ibadah anjeun geus mopohokeun,
poho rukun islam reujeung rukun
iman.
Anak Adam naha anjeun henteu sadar,
hirup urang di dunya téh moal megar.
Perhitungan engké di yaumil ahir,
ku Gusti Alloh urang mo bisa
mungkir.
Anak Adam naon anu rék dibawa,
naha mobil imah reujeung rajakaya.
Éta kabéh pasti nu mawa mamala,
lamun urang heunteu bisa ngadalian
Lamun anak soléh nu pasti nulungan,
nyait tina panas Naraka-Jahanam.
Sabab kitu omat ulah kajongjonan,
ulah arék mopohokeun kawajiban.
Pancén
0 Response to "3.3 Pupujian "
Posting Komentar