mobile setting

Mikawanoh Dongéng



Mikawanoh Dongéng

Dongéng téh carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah sarta bisa ngomong kawas jelema, parahu jadi gunung, atawa jelema jadi maung kajajadén. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan anu ngarangna.

Unggal wewengkon miboga dongéng séwang-séwangan anu raket patalina jeung kaayaan tempat katut kapercayaan masarakatna. Éta sababna dongéng mangrupa bagian tina folklore (carita rayat).

Dongéng “Jonggrang Kalapitung” mangrupa dongéng anu asalna ti wewengkon Kabupatén Purwakarta, patali jeung asal-usul ngaran tempat jeung kaayaan nu aya di éta wewengkon. Di wewengkon séjén ogé aya dongéng anu samodél kitu téh. Di antarana baé:

1. “Sasakala Gunung Geulis” ti Kabupatén Bandung.

2. “Sasakala Gunung Tangkubanparahu” ti Kabupatén Bandung Barat.

3. “Sasakala Cigondéwah” ti Kota Bandung.

4. “Sasakala Kampung Kranggan” ti Kabupatén Bekasi.

5. “Sasakala Talaga Warna” ti Kabupatén Bogor.

6. “Putri Kandita” ti Kota Bogor

7. “Sasakala Maung Panjalu” ti Kabupatén Ciamis

8. “Jaka Susuruh” ti Kabupatén Cianjur.

9. “Sasakala Parung Bingung” ti Kota Depok.

10. “Sasakala Curug Pangantén” ti Kota Cimahi.

11. “Sasakala Cisanggarung” ti Kabupatén Cirebon.

12. “Sasakala Gunung Guntur” ti Kabupatén Garut

13. “Sasakala Indramayu” ti Kabupatén Indramayu.

14. “Sasakala Leuwi Ronggéng” ti Kabupatén Karawang.

15. “Sasakala Awirarangan” ti Kabupatén Kuningan.

16. “Nyi Rambut Kasih” ti Kabupatén Majalengka.

17. “Sasakala Karang Nini jeung Balé Kambang” ti Kabupatén Pangandaran.

18. “Sasakala Pamanukan” ti Kabupatén Subang.

19. “Sasakala Suradé” ti Kabupatén Sukabumi.

20. “Sasakala Sukabumi” ti Kota Sukabumi.

21. “Hanjuang di Kutamaya” ti Kabupatén Sumedang.

22. “Sasakala Kalapa Genep” ti Kabupatén Tasikmalaya.

23. “Ki Rangga Gading” ti Kota Tasikmalaya.

Salian ti éta, aya sawatara dongéng anu dianggap dongéng asli Sunda, di antarana dongéng-dongéng Si Kabayan jeung dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét.

Upama ditilik tina wangunna, dongéng téh aya anu panjang, aya ogé anu pondok. Dongéng anu panjang contona “Jonggrang Kalapitung”. Ari dongéng anu pondok upamana baé “Si Kabayan Ngala Nangka”. Dumasar kana eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing, di antarana:

1. Dongéng sasatoan, nya éta dongéng anu palakuna sasatoan.

Contona:

(1) “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”

(2) “Peucang Keuna ku Leugeut”

(3) “Gajah Éléh ku Sireum”

2. Dongéng sasakala, nya éta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna.

Contona:

(1) “Sasakala Gunung Tangkubanparahu”

(2) “Sasakala Gagak Buluna Hideung”

(3) “Sasakala Kalapagenep”

3. Dongéng sajarah, nya éta dongéng anu aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah.

(1) “Hanjuang di Kutamaya”

(2) “Arca Domas”

(3) “Syéh Maulana Akbar”

4. Dongéng jalma biasa, nya éta dongéng anu palakuna jalma biasa.

(1) “Si Kabayan Ngala Roay”

(2) “Cikaracak Ninggang Batu, Laun-laun Jadi Legok”

(3) “Tukang Cukur Panipuan ”

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Mikawanoh Dongéng"