CARITA SI LOLÉNG
CARITA SI LOLÉNG
Bupati Singasari Panatayuda I kagungan tukang miara
kuda, ngaranna Si Loléng Ari ngaran aslina mah Jaka Poléng. Dina hiji waktu Si
Loléng keur ngarit manggih cangkang oray atawa kulit oray pamegaran.
“Lakadalah, aya bagja ieuh!” ceuk Si Loléng
bari nyokot cangkang oray, sarta tuluy dibeulitkeun kana beuheungna.
Waktu balik, bari nanggung sundung nu pinuh ku jukut,
jalma-jalma arolohok anéheun, “Har, itu geura aya sundung ngalayang sorangan.”
ceuk nu ningali.
“Mana...? Mana...?” ceuk nu séjén
“Itu...!”
“Aéh, enya! Kami mah kakara nénjo aya
sundung bisa ngalayang!”
Cangkang oray téh dibuka tina beuheungna, nu nénjo biasa
deui. Katémbong nu nanggung sundung téh Si Loléng. Jalma-jalma tingharéwos
jeung padabaturna. Cangkang oray dibeulitkeun deui, Si Loléng teu katingali ku
nu séjén, ngan tanggungan jukut waé nu katempo maju ngalayang.
Si Loléng jadi sombong, “Lamun aing maké cangkang oray,
aing teu kadeuleu ku jelema, keun rék dicoba deui!”
Ku manéhna dicoba deui,
cangkang oray téh dibeulitkeun kana beuheungna. Tuluy manéhna nyampeurkeun
pagawé kabupatén nu keur ngariung. Si Loléng teu dipiroséa. Pagawé kabupatén nu awakna lintuh disintreuk
ceulina. Manéhna ngagurubug reuwseun.
“Nanahaonan silaing nyintreuk ceuli déwék!?”
cenah bari nyentak ka baturna nu diuk gigireun. Nu disentak olohok, da teu
rumasa nyintreuk.
“Teuing! Déwék mah teu rumasa!” pokna malik
nyentak. Keur kitu panakol kai nu aya di hareupeun nu duaan ngalayang. Peletak,
panakol téh ngetrok sirah pagawe kabupatén. Nu nempokeun patingcolohok. Reuwas
pacampur sieun. Si Loléng beuki bungah, jalma-jalma teu awaseun ka manéhna.
Si Loléng beuki adigung waé. Ceuk haténa, “Aing rék nyoba
Bupati anu cenah luhung élmuna!”
Dina hiji waktu Bupati
Singasari Panatayuda I nuju ngariung taruang sakulawarga. Si Loléng
nyampeurkeun, “Aing hayang nyatu bareng jeung Bupati!” ceuk haténa.
Kabeneran, korsi katuhueun Bupati kosong. Gék, Si Loléng nu
beuheungna geus dibeulit ku cangkang oray téh diuk gigireun Bupati. Tuluy milu
dahar saseubeuhna. Ku kulawarga Bupati, Si Loléng teu katingalieun milu dahar
bareng.
Waktu Bupati badé nuang daging hayam, ku Si Loléng dicokot
tina bahamna.
“Sétan, siah! Si Loléng jadi sétan!” saur
Bupati bendu, “Ti tadi ogé sia téh kadeuleu, Loléng! Hayang milu nyatu mah kop
téh teuing, ngan ulah belengong kitu!”
“Hampura abdi, Dalem ...!”
“Déwék mah moal ngahampura. Manéh teu
meunang balik deui ka dunya jadi jelema, manéh jadi sétan!”
“Sawios teu kenging balik deui ka dunya jadi
jelema ogé, da geus nasib abdi. Asal abdi diwidian kumawula saterasna ka dampal
Dalem sareng turunan dampal Dalem...”
“Pék téh teuing rék kumawula ka déwék jeung
kulawarga déwék mah, tangtu ditarima...”
Ti harita Si Loléng teu bisa
balik deui ka dunya jadi jelema, ku saciduh metu saucap nyata Dalem Singasari
Panatayuda I.
Cenah, nepi ka ayeuna ogé ka turunan Dalem Singasari
Panatayuda mah Si Loléng téh sok némbongan sakali-kalieun upama kawénéhan,
mangrupa wujud oray.***
0 Response to "CARITA SI LOLÉNG "
Posting Komentar