mobile setting

TAPAK JASA NA DADANA



#TAPAK_JASA_NA_DADANA.
#KARYA_ISKANDAR_WASSID.
Wiwi Widaningrum teh ngaran manehna. Tapi tatangga-tatanggana mah nyarebutna teh Bu Letnan we atawa Neng Letnan, cara basa salakina keur aya keneh dikieuna. Boga budak lucu hiji, lalaki, minangka titinggal katineung ti salakina. Rupana ceples pisan. Pangpangna mun nenjo panonna nu cureuleuk jeung amis budina. Ngan pakulitanana we nu ngala ka indung teh, jeung buukna nu hideung meles pigalingeun.
Keur meujeuhna sono asih ka nu jadi salaki, kaburu kapegat ku pati, katurug-turug teu bisa nyaksian dina waktu kerelekna, atuh puguh we sagala kanyaah jeung kadeudeuh Widaningrum teh estuning tamplok kabeh ka nu jadi anak. Sirikna teu dinangna-dinengne, sagala dipakekeun sagala diajangkeun. Dirina sorangan mah sok mindeng kapopohokeun.
Daek ngaluis deui soteh ka behdieunakeun, sanggeus manehna jadi tukang ngaput. Era meureun da mindeng nampa tamu ayeuna mah, awewe nu ngarongkon kabaya, ngarongkon streples, rok atawa baju budak.
Pangpangna nu sok mindeng daratang teh sobat-sobatna, istri-istri perwira, ti asrama. Sok sanajan jauh teu burung dijugiug. Tayohna salian ti ngadon ngaput teh maranehna mah itung-itung anjang sono, minangka pamageuh tali mimitran antara sasama istri tentara. Malah nepi ka sok aya nu ngeukeuhan, sirikna teu bari ngolo-ngolo, hayang kaanjangan cenah sakali mah ku Bu Rahman.
Widaningrum tara panjang wawangsul mun keur diolo kitu teh. Sanes teu nampi kana pangangken," pokna. "Mung ciptakeun we geura, pisakumahaeun teuing ngangresna hate abdi mun ka ditu teh, Saurut-urutna pun lanceuk teh tangtos katingali deui, taya bayana tiasa dibangbalerkeun."
Sarta mun tas ngomong kitu sok ujug-ujug huleng wae manehna ngaheruk. Paromanna alum ngungun. Da memang bener manehna ngomongna kitu teh terus jeung hate. Teu kaop ngaran salakina disebut-sebut deui, sok tuluy mili cipanon. Malah pangna manehna teu betaheun lila jeung indung-bapana ge, di lembur, taya lian lantaran sok dibawa ngobrol wae perkara salaki. Katurug-turug memang geus jadi tekad manehna. Cenah, mati-mati kudu hirup rarandaan saumur-umur ge, kahayang mah ulah nepi ka ngahesekeun kolot. Rek kana naon we, basana, sakur nu kadada kaduga ku pangawak awewe, asal nu jadi anak kacumponan sagala kahayangna. 
Kitu pangna balik deui ka kota ge, da nu kapikir ku manehna teh taya deui iwal ti muka pausahaan ngaput. Meuli imah nu ayeuna dicicingan ku manehna sasat bari ngarangsadan maneh. Perhiasan-perhiasan titinggal salakina the ditungtut dijualan satungtung can nyumponan mah. 
"Wios da sanes bade dianggo teu puguh Bu!" pokna waktu dihulag ku indungna. "Kang Rahman ge piraku teu ridoeun, da sasat kanggo ngamodalan nu jadi anak."
Bener lebah dinyana mah tekad Widaningrum teh. Kasangsaraan batin lantaran ditinggalkeun ku nu jadi salaki teu kalalanjoan dijieun gering nangtung. Prihatin teh estu dibarung ku bari mikir, mikiran diri yen panjang keneh lalakon, jeung kanyaah ka nu jadi anak nu taya wates wangenna. Tapi sanajan kitu, indung-bapana mah teu weleh manghariwangkeun keneh we, da puguh kolot!
Lebah dinyana ku anjeun ge tangtu kajudi. Da sasat ngantep anak hirup rarandaan di kota. Turug-turug hade rupa. Hlate nu jadi indung teh piraku rek bisa tibra. Sieun kitu, sieun kieu. Da sok sahanteuna ari jauh tina panalingaan kolot mah. Kitu pamikir indungna teh.
Bakat ku mindeng dibalibiran, nya lila-lila mah Widaningrum ngartieun kana maksud indungna teh. Jeung tuluy karasaeun ku dirina ge lila-lila mah, yen najan cukup dahar hade pake oge ari kasebut hirup nyabeulah mah rarasaan teh asa teu weleh longkewang wae. Memeh sare taya geusan nyacapkeun kasono jeung ngumbar birahi. Alam rame asa simpe. Sepi sajeroning ati. Ngalangeu kalah malaweung. Kararesel teu pupuguh da teu puguh nu diarep-arepna. Mun ngadagoan, nya ngadagoan saha. Da geus sidik moal balik deui, Osok soteh ngalangkangan bongan wae dipieling.
Tungtungna waleh sorangan. Widaningrum brak-brakan ka indungna, niat nurut kana papatahna. Datangna ka lembur estu ngahaja niat nyarita perkara eta. Pamindingna mah anakna cenah Beni-rek menta domba jalu ka akina.
"Tapi bade milih-milih heula Bu!" omong manehna ka indungna. "Wios lami asal cocog. Bilih meunangkeun nu teu nyaaheun ka Beni!" Puguh we indungna pohara bungaheunana ngadenge pokpokan Widaningrum kitu teh. Ngan barang kelewer beja yen anakna sok mindeng babarengan jeung Sumantri, ngadak-ngadak hatena jadi malik hareudang deui. Malah leuwih hariwang ti mimiti, lantaran ceuk beja tea Sumantri teh boga anak pamajikan. Bener surup ari nilik rupa mah, babad. Itu bangbang ieu lenjang, turta pada-pada ngora. Ngan nya eta tea we kasieun indungna teh, sieun goreng tungtungna. Nu temahna sok matak nyasaak ka sarerea.
Ana rek dipegatan kaburu milepas manten. Kaburu katalanjuran, sasat geus dikawinkeun batur. Da sirikna geus pada nyaho, yen Widaningrum sok mindeng katingali jalan-jalan jeung Sumantri. Atuh geus kitu mah indungna teh geus teu bisa majar kumaha, ukur semet hanjelu, eungap nyelek sajeroning angen.
Kitu deui lalaki-lalaki nu sok mindeng ngahelaran, ari geus nenjo beunang ku batur mah narungtutan malundur sorangan. Ngan kari Kapten Dadang Jatnika we nu tagen keneh teh, bubuhan opsir ngora. Manehna mah teu bosen-bosen ngiriman surat najan nyaho yen Sumantri geus pulang anting oge.
Kapikireun ku Widaningrum, yen hal ieu teh bisa-bisa ngalantarankeun bibit picilakaeun. Da lalaki mah puguh lalaki. Cek pamikina, taya deui akalna iwal ti kudu bun-buru kawin, ngarah kaburu kakurung ku hukum. Nu matak, dina hiji poe mah gancang manehna waleh ka Sumantri. Tumamprak kana kahayangna, malah menta gagancangan. Puguh we Sumantri teh giak, da karepna ge memang kitu. Hayang gagancangan bangun nu geus teu tahan hayang geura nyaho gamulengna nu donto. Ngan menta tempo manehna teh dua minggu, rek sasadiaan heula. Basana teh, bisi nu geulis menta maskawin satengah juta.
Geus cindek kitu mah gutrut Widaningrum nulis surat ka bapana. Pondok pisan ukur ngabejaan iraha-irahara Sumantri rek datang. Jeung implik-implik ka indungna. Pami tiasa, ibu mah sae sumping ti ayeuna keneh cenah, ngarah salse sasayogian.
Tapi tayohna, surat ka bapana teh acan ge nepi, geus torojol manten semah teh datang, Semah nu geus niat nganjang ti bareto, ngajam datang ti anggalna. Paguh we Widaningrum teh ngan bati olohok. Da semah teh sidik anyar pinanggih. Kaduana, Lalaki! Meunang sawatara jongiongan mah manehna teh neuteup we ka nu anyar datang teh. Diteges-teges bisi kasamaran. Nepi ka lat poho ngamanggakeun. Ari peta semah bet saruana. Nenjo pribumi neuteup teh kalah dilayanan, bangun peta semah nu kasalahan asup, atawa bangun nu teu nyangka ti tadina yen pribumi teh kitu cureuleukna.
Sanggeus ditanya ku Widaningrum tetela semah teh teu kasalahan asup. Atuh gancang wae dicalikkeun Tapi sajeroning kitu juru panonna mah teu weleh maling-maling, hayangeun sidik heula ka nu anyar datang tea. Ari nilik petana mah tetela lir jalma hade atikan. Pangawakanana bangbang, potongan prajurit. Dijas wol abu-abu, sawarna jeung dasina. Paromanna, paroman lalaki. Tapi sorot panonna layu kawas nu keur ngeueum kasedih. Luhureun halisna nu beulah katuhu aya ceda nyulidat siga tapak balati. Panon Widaningrum anteng ka dieu. Siga nu manghanjakalkeun rupa nu sakitu kewesna bet diantep cacad.
Ngakuna manehna teh Dudi Darta. Teu nyaritakeun urang mana-manana mah. Ngan kungsi nyebut-nyebut ngaran Letnan Rahman. Puguh we Widaningrum teh banget ngaranjug. Rarasaanana salakina teh asa ngajanggelek deui hareupeunana....Gancang manehna neger-neger maneh bari pokna, megat kalimah semah, "Nuhun. Nganuhunkeun pisan kana kasaean anjeun teh, tawis ngiring sedih prihatin kana pernasiban nu tos karandapan ku Ibu. Nanging..... nanging saena mah tos we tong nyebat-nyebat deui ngaran pun lanceuk. Anjeun ge tangtos tingali....pami gering tea mah Ibu teh sasat kakara ge igeug-igeug."
Pleng paheneng-heneng. Nu disungkun bangun ngarti. Manehna ngahuleng sawatara jongiongan. Parangina nembongkeun rasa hanjakal nu luar biasa. Sidik, loba keneh picaritaeunana teh. Tapi teu bisa majar kumaha meureun da pribumi sasat geus megat motong.
Ningali kitu gancang Widanigrum muka deui carita. Gugup, banget ku reuwas geus kalepasan omong ka semah anyar pinanggih, turta nu can puguh alang ujur pamaksudanana. Tapi semah teh bangun teu ngabandungan. Kalah pokna ngagereyem, "Nuhun atuh ari kitu mah. Nanging memeh pamitan teh abdi hoyong ditepungkeun heula sareng tuang putra, Beni!"
Batan ngajawab Widaningrum teh kalah olohok. Rek ngomong deui kaburu torojol manten anakna ti lawang tengah. Bangun nu terus rasa budak teh, sarta srog nyampeurkeun. Kerewek dipangku ku semah teh. Dirangkul. Ngok dicium lebah embun-embunanana bari ngalisankeun sawatara kecap-kecap nu teu puguh kadengena. Tuluy diusapan buukna lalaunan bangun nu deudeuh pohara, Teu beda ti peta hiji bapa ka anakna.
Nenjo kitu Widaningrum ngaleketey. Ngangres sajeroning pikirna. Sapeta-peta semah teh bet matak seuseuitan, rus-ras ngahudang lamunan, sono asih ka salaki, nu mulang ngan ukur ngaran. Barang leler deui sup manehna ka jero, rurusuhan kawas aya nu poho. Blus ka kamar. Serelek muka koper pakean. Eusina nu meunang ngahaja memeres diabrut-abrut. Gorehel albeum beureum.
Top dicokot, dibukaan semu gugup. Breh potret nu diteangan teh kapanggih, Surat ti salakina pangahirna ge aya nyelap dina lambaran eta. Pek diteges-teges potret teh. Dua prajurit keur nangtung ngarendeng. Duanana ngarajak imut. Marake uniform loreng. Helmna digarepit ku leungeun kenca. Ari nu katuhu diparake nyekel pohpor pestol nu ngarampleh lebah pingpingna.
Pangawakanana duanana ge meh sapantar. Bangbang, jarangkung gede. Turug-turug katambahan jangkung ku sapatu tempurna. Dadana parinuh.
Ari cangkeng bangun saringset, da kopel teh dibeubeurkeunana saluareun jeket. Nu saurang pangkatna letnan. Nya ieu salaki Widaningrum teh. Nu saurang deui sersan. Nilik rupana mah siga ngoraan, tapi paling ge ukur dua tilu taun ganjorna teh.
Sok albeum diteundeun deui luhureun koper, lalaunan. Jung Widaningrum ka luar ti kamarna, nyampeurkeun deui semah nu geus rada lila diantep nyorangan. Geus pahareup-hareup manehna tungkul. Biwirna ngeleper, "Sersan, Ibu neda pangapunten," pokna bangun asa-asa. "Teu nyangka sacongo buuk yen paneda lbu bakal dikabul ku Gusti Yang Maha Widi. Nu diarep-arep teh ti kapungkur ge, taya deui lian ti datangna beja ngeunaan diri salaki, Da salaki mah geuning datangna teh ukur kari raga badagna. Boro-boro bisa mileuleuyankeun heula, atawa sok sumawonna nitipkeun pamenta nu pangahirna. Sersan, mangga atuh geura carioskeun, naon talatahna Bapa teh!"
Semah tea ngaheruk bangun kagagas. Lila heula manehna ngahuleng memeh pok ngawalon teh, "Taya talatah nanaon kanggo Ibu mah," pokna. Pangna abdi dongkap teh taya sanes pedah aya pamentana nu ku abdi tos disanggeman."
Ngomongna diselang ngarahuh, bangun eungap neruskeun, "Pamentana, kahiji nitipkeun Beni. Saurna, poma ulah dugi ka ngarasaeun leungiteun bapa. Nu kahartosna ku abdi mah, Beni teh kedah diaping cara ka anak sorangan. Geus sawawa, cenah sing sina pageuh jadi kayakinanana, yen taya nu leuwih mulya batan bumela ka nagara katut bangsa. Kaduana, aya sahiji barang titipan nu kedah didugikeun ka Ibu, nu diporosotkeun ku dampal leungeun Bapa ku anjeun, waktu anjeunna aya dina lahunan abdi. Kitu pamentana teh. Sarta nya ieu lantaranana pangna abdi ti kapungkur teu bosen-bosen nyukcruk-nyukcruk di mana ayana Ibu sareng Beni.
Parat ngomong kitu song manehna ngasongkeun ali. Ali kawin. Pek ditampanan ku Widaningrum bari diteuteup. Leungeunna katingali ngeleper. Panonna sidik nyalangkrung. Reup manehna peureum. Rarasaanana, dunya teh ngadadak angkeub. Jeger, jeger, sora gelap nyabetan puhu ceuli. Sada seah, sada sora caah.
Barabat semah teh ngadongengkeun lalampahanana, banget ku keukeuh pamenta pribumi. Manehna ngaku, yen enya sersan nu aya dina potret tea. Tapi geus iain sersan cenah ayeuna mah Bari ngomong kitu pek manehna nembongkeun leungeun kencana, nu geus diganti ku plastik.
Tepungna jeung Letnan Rahman waktu di mandala keneh, pisaminggueun deui dikirimkeun ka front. Memeh jleng luncat tina kapal teh, dina poekna peuting, kungsi silih rangkul heula lir nu boga rasa moal bisa tepung deui. Da sasat pada-pada rek ngaragragkeun maneh kana benteng musuh.
Leuleuweungan babarengan, asruk-asrukan. Ngojayan rawa. Diuber-uber patroli Walanda. Reureuh dina sela-sela batu. Beak dahareun diganti ku bongborosan. Papakean, rajet balas asruk-asrukan. Bertempur sirikna unggal reup peuting. Nu diobrolkeun taya deui iwal ti ngatur-ngatur siasat. Jeung unggal-unggal serangan.
Tungtungna pasukan Letnan Rahman teh ngan kari tilu siki deui. Manehna, Sersan Dudi Darta minangka bintara peleton, jeung Prajurit dua Garnadi ahli senjata mesin. Kakuatanana geus taya hartina. Nu wedel keneh teh ngan wungkul kari sumangetna, buleud tekad hayang ngabebaskeun Irian tina genggeman benteng musuh.
Meunang sababaraha poe tiluanana nyelapkeun maneh dina sela-sela batu nu karungkupan ku areuy arauyan. Pangpangna lantaran Sersan Dudi kaayaanana beuki pisalempangeun. Leungeunna nu kenca jadi bukekeng, ngabareuhan. Sakujur awakna nyongkab kawas seuneu. Tuda leungeun manehna teh sirikna teu rajet kasabet ku pelor bren, waktu kasarandog ku patroli musuh basa ngancurkeun hiji jambatan di sisi kota. Malah mun dibuka bajuna mah dada manehna teh sirikna teu raca. Minangka pangampet getih, ukur perban kuleuheu nu geus tara diganti-ganti. Leumpang jauh, mindeng rubuh. Rek nangtung ge sirikna teu kudu dijungjungkeun. Ana reureuh teu weleh bari haharurungan, banget teu kuateun nahan kanyeri. Meredih ka Letnan Rahman geus sababaraha kali, supaya manehna ditinggalkeun. Ngan menta diperenahkeun heula cenah, dina mumunggang nu luhur, sarta digambar perenah-perenahna. Jeung menta dipangnepikeun beja ka indungna, bisi manehna ngarep-ngarep wae balik.
Letnan Rahman kalah ngolo-ngolo bari ngagedean hate, Padahal manehna ge geus boga rasa yen malakalmaot datangna geus ngadeukeutan. Kari milih-milih pijalaneunana we. Naha rek paeh nyelap dina batu, lantaran langlayeuseun. Atawa rek norek ngadobrak pertahanan musuh ku kakuatan tiluan. Najan teu dikedalkeun, cara nu kadua nu rek dijalankeun ku Letnan Rahman.
Sasaranana geus dipilih, hiji gudang pelor Nu dina peta, perenahna teh diriung ku pasir leutik nu pinuh ku Tongkun.. Cek gerentes pikirna, "Jiwa aing hayang ditukeuran ku sagudang senjata musuh.
Janari. Pager cucuk nu dua lapis geus bisa diliwatan, rampung ku peso. Sajorelat geus aya di panto gudang. Prajurit Garnadi geus nangohkeun brenna ka lawang kamar jaga. Ger seuneu hurung di jero gudang. Letnan Rahman luncat ka luar, diaping ku thomson Sersan Dudi nu dihompet ku leungeun sabeulah. Kadenge sora surilit musuh ti unggal juru. Seuneu nguntab-nguntab. Berebet, berebet bren Garnadi utah seuneu ngenca ngatuhu. Ditema ku tembakan-tembakan Sersan Dudi. Barasat pelor musuh, rabeng pating jorelat siga cika-cika. Bru Letnan Rahman rubuh. Diburu ku Sersan Dudi, disangkeh ku leungeunna nu katuhu, dibawa mundur.
Dua poe ti harita nyebar pamflet cease-fire.
Prajurit Garnadi kapanggih tina susukan nu caina canembrang herang. Awakna sapotong geus kakeueum ku cai. Nangkub ngeukeupan senjatana. Manehna geus teu bisa usik malik, Sukuna, kenca katuhu, rajet tapak pelor sagede-gede indung leungeun. Ari sersan Dudi Darta kapanggihna nyangsang dina areuy-areuyan. Beakeun tanaga, dipake ngali taneuh waktu ngubur layon komandanna.
Nya kersaning Yang Maha Widi, sanggeus mangbulan-bulan aya di rumahsakit, manehna diparengkeun bisa nincak taneuh deui. Mimiti dirawat di runmahsakit darurat di F. Tapi kulantaran kudu dioperasi nya biur dibawa ka rumah-sakit pusat, kana kapal.
Taya deui nu jadi panedana sajeroning manehna di rumahsakit teh, iwal ti hayang geura-geura cageur. Geus cageur cenah, nu pangheulana rek ditepungan teh indungna. Ti dinya nohonan pamenta Letnan Rahman, waktu rek kerelek tea dina lahunanana.
Tapi barang dijugjug, tetela geuning indungna teh geus taya dikieuna. Da ti barang Sersan Dudi dikirimkeun ka front ge manehna tuluy kagegeringan. Sakur titinggalna tuluy dijualan, dipake muka pausahaan mebel di kota.
Beuki lila beuki maju. Tina asal sagala prak ku sorangan ayeuna mah nepi ka bisa nyumponan pesenan-pesenan parte gede. Tayohna tariking pangjurung hirup prihatin, jeung pangdu'a indung ka nu jadi anak nu taya saat-saatna.
Ari nyukcruk-nyukcruk kulawarga Letnan Rahman sabenerna mah manehna teh geus lila. Tapi nu kapanggih ukur raratanana. Jeung aya saurang deui nu ku manehna sirikna teu weleh kaimpi-impikeun teh, nya eta Prajurit Garnadi. Da ceuk katerangan mah, cenah manehna teh hirup keneh. Ngan nya geus tangtu hirupna teh tanpa daksa.
Widaningrum teu lemek teu nyarek sajeroning ngabandungan nu cacarita teh. Sakapeung tungkul. Sakapeung deui neuteup ka semah teh. Nepi ka paratna, ngahuleng keneh we manehna teh. Pek ngarahuh. Huleng deui bangun nu ngalamun. Anteng naker.
Barang semah rek pok pisan pamitan, kakara manehna ngomong deui, "Unggal abdi rek nyekar ka taman pahlawan, dina paesan pun lanceuk teh sok geus nyampak aya nu miheulaan nawuran kembang malati," pokna. "Pami kitu mah tangtos anjeun, Sersan!"
Nu ditanya teu ngawalon. Kalah jung nangtung. Tapi panonna sidik ngalimba. Gancang Widaningrum ge nangtung, nyampeurkeun lalaunan. Duanana paadu tingal. Geus pahareup-hareup, silih teuteup. Gap Widaningrum nyekel pigrulang semah, tuluy dijungjungkeun kana lebah dadana. Sup ali nu ti tadi dikeukeupeul teh dibebeskeun kana ramona lalaunan. Nu dicekel bangun teu puguh rampa. Reres ngasupkeun ali, pek nyi randa teh tanggah dibarung ku imut. Imut manis nu ngandung harti. Heab seuneu birahi hurung.
"Sersan......," omong Widaningrum, sorana ngageter. "Taya halanganana pun anak teh najan bade dicandak ka mana-mana oge, namung.....abdi ngiring!" ***
(1965)
T A M A T

Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "TAPAK JASA NA DADANA"