Hujan Munggaran Yasana: A.Yogaswara
Hujan Munggaran
Yasana: A.Yogaswara
Januari muka lambaran carita
Carita nu jadi impian
Impian nu bakal ka sorang
Udagan nu didongkang
Hujan Januari
Nu jadi pamatri ati
Mawa béja ti kahyangan
Hirup téh sakedét nétra
Darma wawayangan
Katumbiri mawa bagja
Bagja nu can laksana
Laksana ajeg diri tingtrim ati
Diri suci, ati wening
Tatar Purwakarta
02/01/2019
0 Response to "Hujan Munggaran Yasana: A.Yogaswara"
Posting Komentar