Pembelajaran Daring Materi Sajak Kelas: 7 ( Tujuh)
Materi Sajak
Kelas: 7 ( Tujuh)
Guru: Ria Rosliana, S.S & A. Yogaswara, S.S,M.Pd
Materi Pembelajaran
v Materi Pembelajaran Reguler:
v Fakta:
Sajak mangrupa wangun karangan anu kauger
v Konsep:
o Sajak mangrupa karya sastra anu ditulis dina wangun puisi (ugeran).
v Prinsip:
o Sajak kabeungkeut ku ayana pada jeung padalisan. Ku lantaran kitu sajak kaasup kana karya sastra anu ditulis dina wangun puisi
v Prosedur
o Langkah-langkah membacakan sajak:
o Memilih sajak yang akan dibaca
o Membaca kembali isi dan maksudnya
o Berlatih membacakan sajak sesuai dengan kaidah-kaidahnya
o Membacakan sajak dengan penampilan yang baik sesuai dengan kaidah-kaidahnya
v Materi Pembelajaran Remedial:
o Pemberian tugas “Menyusun kalimat konotatif dalam sajak”
v Materi Pembelajaran Pengayaan:
o Mengerjakan soal-soal
Mikawanoh Sajak
Sajak téh karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna (génréna) mah, sarua jeung pupuh, pupujian, atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Mémang umumna sajak diwangun ku sababaraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu saeutik deuih sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa lancaran (prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna.
Kembang mangkak di buruan.
Kembang mangkak dina lamunan.
Hujan turun maseuhan bumi nu garing.
Hujan ngaguruh nurunkeun dodoja.
Upama kitu, naon atuh anu jadi ugeran dina sajak téh? Di antarana baé, sajak kauger ku diksi (pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Dina sajak diksi téh kacida pentingna. Ku sabab wangunna pondok, kecap-kecap anu digunakeun dina sajak mah éstu meunang milihan. Panyajak kudu tapis milihan kecap anu merenah tur ngandung harti nu anteb. Aya kecap anu ngandung perlambang (simbol), aya ogé anu ngandung babandingan (métafor). Éta sababna kecap-kecap anu dipaké dina sajak sok loba anu ngandung harti injeuman (konotatif), mangrupa perlambang kana hiji-hiji hal atawa kajadian, sarta ngawangun wirahma anu genah dibacana. Geura urang titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
Kecap “kembang” dina kalimah kahiji nuduhkeun harti nu saujratna, nya éta tutuwuhan nu sok jadi sarta mangkak di buruan. Ari dina kalimah kadua, hartina béda deui, nya éta kabungah atawa harepan nu nyangkaruk dina lamunan. Tegesna kembang téh jadi perlambang naon-naon nu éndah, harepan, kabungah jeung sajabana. Kitu deui dina kalimah katilu jeung kaopat di luhur, urang bisa ngararasakeun bédana harti kecap “hujan”. Dina kalimah katilu, hujan téh perlambang kasuburan (keur patani), ari dina kalimah kaopat, hujan téh perlambang amarah atawa dodoja (hukuman) pikeun manusa nu sarakah teu miara alam. Hujan nu ngaguruh dipaké babandingan (métafor) pikeun ngagambarkeun kumaha ruksakna kaayaan alam; hujan nimbulkeun caah, kasangsaraan, jeung sajabana.
Ari anu disebut purwakanti nya éta sasaruanana sora basa anu aya dina dua kecap (gundukan kecap) atawa leuwih. Sora basa anu sarua téh ayana bisa dina padalisan anu sarua, bisa ogé ayana dina padalisan anu béda. Bisa di bagian awal, tengah, atawa tungtung padalisan. Dina sajak di luhur, upamana, anu murwakanti téh aya dina tungtung padalisan anu béda.
Conto
Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan -an
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan -an
Dibaturan sobat ngaran rancatan -an
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan -an
Asupna wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun 1950-an. Ti harita sajak kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, tug nepi ka kiwari. Sajak Sunda dimuat dina koran, majalah, sarta geus loba anu diterbitkeun mangrupa buku. Loba deuih panyajak Sunda anu muncul, di antarana baé: Kis Ws., Ajip Rosidi, Wahyu Wibisana, Karna Yudibrata, Dédy Windyagiri, Apip Mustopa, Surahman RM, Ayatrohaédi, Rachmat M. Sas Karana, Usép Romli HM, Yous Hamdan, Yayat Héndayana, Juniarso Ridwan, Godi Suwarna, Eddy D. Iskandar, Taufik Faturohman, Étty RS, Nita Widiati Éfsa, Acep Zamzam Noor, Soni Farid Maulana, Dian Héndrayana, Hadi AKS, Nazarudin Azhar, Chyé Rétty Isnéndés, Toni Lesmana.
Conto Sajak Akrostik Sunda:
Conto Sajak Akrostik Sunda:
NGAHULENG
Karya. Atep Yogaswara
Neuleuman lampah kahirupan
Getén titén rumawat sarakan lir
super hero di bioskop
Ahir carita tinekanan nu diseja
Horéng éta mah aya dina naskah
Unggal jalam bakal ngalaman
Linglung bingung loba kahayang
lir piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
Embung éléh ku batur
Najan teu boga tanaga
Geura sadar kana kadar hirup
téh kudu dilakonan
Purwarta.13.12.2019
HUJAN
Karya:
Atep Yogaswara
Hideung
tandaning awan kebek ku kabeurat nahan pihujaneun lir gelebeg nu beurat pinuh
rasa teu bisa wakca balaka
Ukiran
tresna na angin ngadalingding lir rumpaka tembang nu mawa haté tenang
Jajapkeun
ku rasa kahariang jeung kamelang da kembang na taman haté teu aya nu maliré
Alam
teu bisa kumawasa basa caahna rasa mudal di taman asmara megatkeun
kembang-kembang kayakinan nu geus pageuh anteb na deudeuh
Ngolocorna
cai kahariwang dina jiwa nu longkéwang nalika salira kedaling lisan disaksian
ku gunung parang nu mawa rasa kemelang.
Purwakarta.07.12.2019
LATIHAN SOAL
Waspada Covid-19 Klik Didieu
Ayeuna Jieun Sajak Akrostik Sunda tina kecap KORONA!
0 Response to "Pembelajaran Daring Materi Sajak Kelas: 7 ( Tujuh)"
Posting Komentar