mobile setting

Dongeng: Jonggrang Kalapitung




Jonggrang Kalapitung

Jaman baheula, baheulaning baheula, di sabudeureun Jatiluhur Purwakarta ayeuna, masih kénéh loba leuweung geledegan. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Ari anu ngageugeuhna di éta leuweung katut gunng-gunung disabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna Jonggrang Kalapitung.

Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumisna jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek.

Hiji mangsa, sang Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan, taya deui carana iwal ti kudu menta tulung ka urang lembur nu aya di sisi walungan Citarum, nya éta Lembur Cisarua. Barang nepi ka birit lembur, tuluy hohoak ngageroan urang dinya.

“Héy, urang lembur, ka darieu, euy!” sorana handaruan ka madhab papat.

Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung, teu sirikna sapangeusi lembur tamplok nyampeurkeun.

“Aya pikersaeun naon Juragan ngempelkeun abdi di dieu? Abdi sadayana sayogi upami Juragan aya kapalay,” ceuk kokolot lembur.

“Ha ha ha, hadé, hadé euy maranéh buru-buru daratang!” ceuk Jonggrang Kalapitung bari muril-muril kumisna anu sagedé catang kalapa. Barabat manéhna nyaritakeun kahayangna. Hayang nguseup di Walungan Citarum. Anu matak rék ménta tulung ka urang lembur, pangnyieunkeun useup anu gedé, talina anu gedé, sakalian jeung eupanna deuih.

Paménta Jonggrang Kalapitung ditedunan ku urang lembur. Terus baé atuh digarawéan babarengan, gotong royong rempug jukung nyieun useup raksasa. Sanggeus mangbulan-bulan, useup téh jadi. Gedéna sagedé jangkar kapal cai, tali useupna ku tambang dadung anu panjangna puluhan méter.

Gancangna carita, éta useup téh terus baé digotong ka birit lembur rék dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung. Ari srog, kasampak anu ngéngkén useup téh keur saré kérék gagauran luhureun batu cadas anu lémpar tur nyusun saperti bangku jeung korsi, sisi Citarum. Nepi ka ayeuna tempat saréna Jonggrang Kalapitung téh masih aya, anu ku urang dinya mah disebut batu korsi. Malah ceuk sakola mah, éta téh tempat babadamian bangsa lelembut, kaasup basa Sangkuriang ngayakeun babadamian jeung siluman-siluman nu rék ngabendung Citarum pameredih Dayang Sumbi.

Nenjo anu nyegrék gaguran, saurang ogé euweuh anu wani ngahudangkeun. Sanggeus sabulan didagoan, kakara Jonggrang Kalapitung nyaring. Hudang bari gigisik. Manéhna kagét loba jelema di sabudeureunana.

“Héy, aya naon ieu téh, bet karumpul di dieu?” pokna.

“Nu mawi, abdi ngempel di dieu téh ngantosan Juragan guguh. Ieu badé masrahkeun pesenan téa,” ceuk kokolot lembur.

“Oh, heueuh, heueuh. Nuhun, euy. Alus pagawéan téh, kapaké ku kula mah. Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung bari ngilikan useup jeung talina.

“Aya, ieu hulu munding.”

Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung baé dialungkeung ka Walungan Citarum, lebah leuwi nu pangjerona. Talina diulur nepi ka manéhna kari nyekel tungtungna.

Jonggrang Kalapitung nguseup bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku urang dinya disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé Gunung Bongkok, ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur.

Dian poé kaopat puluh useup téh oyag-oyagan. Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh dicentok sataker tanaga. Ku lantaran lepas teuing nyentokna, useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Dibetot hésé. Ari pék ngait kana leuweung awi haur. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga, nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas, tapakna jadi papak, lir anu beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas, jadi papakjeung nu séjénna. Nepi ka kiwari éta leuweung téh katelah ngaranna Leuweung Haurpapak.

Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh? Barang diilikan, horéng simanahoréng ukur lauk jelér. Asup kana ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorék. Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Jatiluhur. Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua mah disarebut Kubang.

Kulantaran teu meunang baé lauk gedé, lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar. Karepna rék ménta tulung ka urang lembur, tapi geus euweuh saurang-saurang acan, lantaran kalabur sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung ambék-ambékan. Nu aya téh ngan tangkal jéngkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri. Horéng simanahoréng Jonggrang Kalapitung téh jéngkoleun.   

Manéhna gulang-guling bari gagauran nahan kanyeri. Tuluy baé ngucapkeun supata, “Héy, tangkal céngkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun! Nepi ka iraha baé ogé, di daérah ieu tangkal jéngkol maol bisa jadi!”

Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah Jonggrang Kalapitung téh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua mah teu kungsi aya tangkal jengkol anu bisa jadi, cenah lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.

(Diropéa ku Budi RT tina Jonggrang Kalapitung: Carita Rakyat Kabupatén Purwakarta, beunang Man SL.)    


Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Dongeng: Jonggrang Kalapitung"