3.3 Pedaran Pupujian
A. Pedaran
Mikawanoh Pupujian
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama
Islam. Asalna tina sa’ir atawa si’ir, nya éta puisi anu asalna tina sastra
Arab. Wangunna méh taya bédana jeung sa’ir.
Umumna diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta dina sapadalisanana
diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina
sapadana; genep padalisan dina sapadana, jeung sajabana. Purwakanti dina
pupujian umumna purwakanti laras wekas atawa murwakanti di tungtung.
Conto
Geuning maot ngadodoho, - ho
boro sok dipoho-poho, - ho
datangna teu méré nyaho, - ho
ngageretak taya témpo. - po
Conto séjénna
Anak Adam naha anjeun heunteu sadar, - ar
hirup di dunya téh moal megar. - ar
Pupujian
sok disebut ogé nadom. Sumebar sacara lisan ngaliwatan pasantrén jeung
madrasah.
Sacara
gurat badagna mah fungsi pupujian téh aya anu miboga éksprési jeung aya anu
miboga fungsi sosial. Fungsi éksprési maksudna pikeun ngébréhkeun kereteg ati
anu ngarangna; ari fungsi sosial maksudna pikeun méré pangajaran atawa mépélingan
ka balaréa. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosial leuwih gedé tibatan fungsi
éksprési.
Disawang
tina eusina, pupujian téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, di
antarana:
a.
Muji
ka Gusti Alloh
Conto
Ya Alloh nu sipat rohman,
ni’matna ngawalatraan,
sadayana kabagian,
ka nu kapir ka nu iman.
b.
Solawat
ka Kangjeng Nabi
Conto
Rohmat Alloh salam Alloh,
ka Toha utusan Alloh,
rohmat Alloh salam Alloh,
ka Yasin kakasih Alloh.
c.
Do’a
jeung Tobat ka pangéran
Conto
Mugi Gusti ngahampura,
kana dosa jisim abdi,
sareng dosa ibu-rama,
dulur muslimat-muslimin
d.
Pépéling
Conto
Éling-éling dulur kabéh,
ibadah ulah campoléh,
beurang peuting ulah weléh,
bisina kaburu paéh.
e.
Ajaran
Agama
Conto
Pardu wudu aya genep sadayana,
hiji niat kadua ngumbah beungeutna,
tilu ngumbah leungeun dua jeung
sikuna,
opat ngusap saeutik tina sirahna,
lima ngumbah suku dua jeung
muncangna,
genep tartib sing puguh runtuyanana.
0 Response to "3.3 Pedaran Pupujian"
Posting Komentar