mobile setting

3.3 Pedaran Novel



1)             Pedaran

Mikawanoh Novel

 

Novel téh carita rékaan (fiksi) anu méré kesan lir enya-enya kajadianana sarta ukuranana paranjang. Éta bédana novel jeung carita pondok  téh. Kitu deui leubah kajadian anu dicaritakeunana. Dina novel mah aya kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempatna, tangtu waé leuwih jembar. Palakuna, lian ti palaku utama téh, aya palaku palengkep jeung figuran. Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa dina nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna.

Dina kamekaran sastra Sunda, novel téh dianggap karya  sastra sampeuran tina sastra Walanda. Novel pangheulan nu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D. K. Ardiwinata (1914). Leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonésia Azab dan Sengsara karangan Mérari Sirégar anu mimiti medal dina taun 1920. Méméh medal novel, dina sastra Sunda mah lolobana pangarang téh ngarang dangding jeung wawacan. Ti saprak wanoh kana wangun novel, pangarang téh mimiti loba nu ngarang novel.

Dina taun 1927, medal novel Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi. Tuluy medal novel Agan Permas karangan Yuhana (1928) jeung Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira (1930). Anapon dina taun 1940-an nepi ka taun 1950-an, medal dua novel Sunda: Gogoda ka nu Ngarora karya M.A. Salmun jeung Marjanah karya Suwarsih Djojo Puspito. Tahun 1960-an, karya sastra dina wangun novel beuki mekar waé. Dina taun 1980-an, aya tujuh novel nu medal harita, di antarana: Buron karya Aam Amalia, Cinta Pabaliut karya Edi D. Iskandar, Béntang Pasantrén  karya Usep Romli H.M., Rini karya Yosep Iskandar, Ngepung Kahar Muzakar  karya Adang S., Si Lamsijan Kaédanan karya Ki Umbara, dan Mikung karya Abdulah Mustappa. Satuluyna dina taun 1990-an, medal novel karya-karya Yoseph Iskandar, Tatang Sumarsono, jeung Holisoh M. E. Ti harita, novel Sunda téh beuki mekar waé. Ti taun 2000-an nepi ka ayeuna, loba pisan novel nu medal karya pangarang Sunda. Téma caritana gé béda-béda, luyu jeung kaayaan sosial dina waktu ditulisna.

         Pangarang Novel jeung karyana, di antarana:

(1)   D.K Adiwinata: Baruang ka nu Ngarora.

(2)   Joehana (sandiasma Ahmad Basyah): Carios Eulis Acih, Carios Agan Permas, Mugiri, Kalepatan Putra Dosana Ibu Ramana, Kasuat Ku Duriat, Néng Yaya, Rusiah nu Goréng Patut.

(3)   R. Méméd Sastrahadiprawira: Mantri Jero, Pangéran Kornél.

(4)   Mohammad Ambri: Lain Éta, numbuk di Sué, Munjung, Ngawadalkeun Nyawa, Burak Siluman, Pusaka Ratu Teluh.

(5)   Samsu (Sambas jeung Susangka): Laleur Bodas.

(6)   R.A.F (Rahmatulloh Ading Affandi): Nu Kaul Lagu Kaléon, Pipisahan, Béntang Lapang.

(7)   Syarif Amin: Nyi Haji Saonah, Manéhna, Babu Kajajadén.

(8)   Caraka: Sripanggung.

(9)   Ahmad Bakri: Nu Seungit Dipulang Asih, Payung Butut, Juragan Batik, Potrét, Rajapati di Pananjung, Mayit dina Dahan Jéngkol, Kabandang ku Kuda Lumping, Srangéngé Surup mantén, Asmara Murka, Bedog Si Rajapati, Sanghiang Lutung Kasarung.

(10)     Aam Amalia: Puputon, Buron, Samagaha, Sekar Karaton, Sanggeus Halimun Peuray, Kalajengking (Maké sandiama Anna Mustikaati).

(11)     Ki Umbara (sandiasma Ranusulaksana): Si Bedog Panjang, Si Lamsijan Kaédanan, Déwi Sri.

(12)     Adang S: Ngepung Kahar Muzakar, Juragan Kabayan, Néangan Bapa, Budak Calakan, Malati Dipager Bedil, Pertempuran di Tapel Wates.

(13)     Ningrum Julaéha: Arca, Lampion, Parikesit jeung Ki Utamaya.

(14)     Yoséph Iskandar: Rini, Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Wisnuwarman, Purawarman, Panangtang Sang Sempakwaja, Tanjeur di Buritan Jaya di Buana.

(15)     Taufik Faturohman: Patepung di Bandung.

(16)     Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Demung Jonggala, Si Paser, Galuring Gending.

(17)     Abdullah Mustappa, Lembur Singkung, Mikung.

(18)     Hidayat Soesanto: Bima Rengkung, Guha Karang Legok Pari.

(19)     Godi Suwarna: Déng, Sandékala.

 

 Laporan Pancen Pedaran Klik di dieu!

 

 


Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "3.3 Pedaran Novel"