mobile setting

Rigig Bebegig Sukamantri



Rigig Bebegig Sukamantri

Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah moal teu matak hélok. Geura baé, anu jadi bebegigna jelema sawawa, maké topéng. Lain maké meureun, leuwih pas disebut nyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo, malah aya anu nepi ka 60 kilo cenah.

Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum, buta kayas, buta hideung, malah aya buta térong ogé. Tapi buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung kembang keretas. Awakna hideung, da mémang dibulen ku injuk. Lebah bujur digantélan ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana boa. Ragag-rigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis. Soal alami, éta mah geus pasti utuh.


Bebegig seni tradisi ti Sukamantri. Jauh tangéh atuh upama dibandingkan jeung bebegig sawah mah.  Bebegig Sukamantri ngeuyeuban hasanah seni tradisi Tatar Sunda, wedalan Ciamis.

Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir ti beulah batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Desa Campakalarang, Kacamatan Sukamantri, ngarékacipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran  anu ahirna jadi kasenian has Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung  carita rayat Prabu Sampulur. Raja gajah sakti mandraguna anu meruhkeun rereged di Pulo Jawa. Gambaran Kagagahan Sang Prabu cenah,  beungeut bebegig Sukamantri téh.

Geus puguhing ari acara agustusan mah, malah dina acara-acara pésta rayat lianna, bebeging sukamantri sok milu midang Upamana baé dina acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna  kurang afdol mun teu ngabring-ngabring bebegig Sukamantri téh. Dina acara “Nyangku” di Panjalu, bebegig Sukamantri sok milu ngarigig. Kitu deui dina acara Milangkala  Kabupatén Ciamis. Bebegig Sukamantri mindeng jadi wawakil Ciamis, pikeun pagelaran seni tradisi, ti mimiti tingkat Jabar nepi ka tingkat nasional.

Ngamaénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé bayangkeun, kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka 60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih. Malah sakapeung mah sok dipaké ngangkat jelema, anu sina tumpak dina lebah irung topéng si bebegig. Nya enya, lain pagawéan m,’eméh sasarap. Anu matak, salian ti kudusiap tanaga téhy, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku do’a-do’a husus, sangkan salamet salila nyunyuhun sakadang bebegig.

Bebegig Sukamantri, seni tradisianu kakara nguniang, lantaran dihudangkeun deui ku nu mikahémanna. Seni tradisi anu miboga poténsi pikeun jadi kareueus, lain baé keur urang Ciamis, tapi keur sakumna warga Jawa Barat. Lebar mun kudu tiarap deui téh.

(Dicutat jeung diropéa deui tina Majalah Cahara Bumi Siliwangi).


Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "Rigig Bebegig Sukamantri"