mobile setting

3.3. Novel


1)         Bacaan

Di handap aya sempalan novel Patepung di Bandung karya Taufik Faturohman. Pék ilo ku hidep nepi ka kacangkem eusina.

 

Miang ka Bandung

            Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir.

            “Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana”. Ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan wawuhna ukur saliwat.

            “Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “Jeung kadé ulah bari nundutan.”

            “Moal Mang,” cekéng téh.

            Teu kungsi lila, mobil geus maju ninggalkeun lembur. Beak jalan désa anu taringgul, bray waé ka jalan aspal.

            “rék udud euy?” ceuk Si Jana bari ngasongkeun roko anu geus gépéng dua batang, balas hantem kadiukan meureun.

            “Uing mah tara udud.” Cekéng téh.

            Diuk téh ngeunah bari nyelegon, dina tumpukan béas, nyanghareup ka tukang. Jadi tumpak mobil téh karasana mundur. Lantaran kitu, angina nu ngahiuk ti hareup teu nebak teuing.

            “Geus tepi lebah mana ieu téh?’ ceuk kuring, duméh harita gé geus kadéngé adan isa.

            “Karék gé Ujungberung.” Tembal Si Jana.

            “Ari mobil rék dibawa meuting di Bandung, Na?”

            “Moal, geus nurunkeun barang mah, rék terus balik deui, lantaran isukna aya tarikeun.”

            “Atuh tabuh sabaraha cundukna deui ka lembur, mun wayah kieu di dieu kénéh?”

            “Kana tengah peuting.”

            Kasawang kumaha capéna Si Jana. Meureun waktu keur reureuna téh sakeudeung pisan. Uyuhan sakitu mah, da jigana lamun kuring mah can tangtu kuat digawé kitu téh.

              Kira-kira tabuh dalapan, mobil geus cunduk ka Pasar Ciroyom. Harita kénéh muatanana dibongkar ku tukang kuli.

            “Tah di dieu Kondi tempat silaing téh,” ceuk Mang Mahmud bari mukakeun panto salasahiji wangunan témbok. Anu disebut kios téh kira-kira ukuran salapan meter pasagi. “Tempat saré silaing mah tuh di luhur.”

Kuring unggah ka tempat anu dituduhkeun ku Mang Mahmud. Minangkana mah loténgna, ngan depek pisan. Lumayan waé ari keur sakalieun ngagolér mah.

Matak héran nyaksian kaayaan di éta pasar téh. Sakitu geus peuting, tapi kalah beuki ramé ku nu balanja. Béda deui jeung pasar di lembur kuring. Anu bukana ngan poé senén jeung jumaah wungkul. Kitu ogé ngan ukur sageretakan, tampolana méméh tabuh sapuluh ogé geus tiiseun deui.

Meunang dua poé Mang Mahmud tunggu kiosna, bari mapatahan kuring kumaha prak-prakanana ngalaksanakeun pancén. Teu sabaraha hésé, ukur purah nyatet-nyatetkeun saha waé anu nyokot barang ka Mang Mahmud, jeung sakumaha deuih lobana. Anu nyarokot barang téh parapadagang écéran. Lebah urusan setorna, kuring teu dibéré wewenang narima. Éta mah kudu langsung ka Mang Mahmud anu aya dikiosna saminggu sakali. Keur kuring mah énténg kénéh kitu, sabab lamun kudu nyekel duit setoran sieun kitu-kieu. Kangaranana nyekel duit téa, loba pisan résikona.

Barang mimiti pisan mah ngarumas saré di jongko téh. Éta tuda gandéng. Tapi lila-lila mah bisa ogé peureum. Jongko anu ditungguan ku kuring mah bukana ngan beurang wungkul. Jadi, peutingna mah bisa nyalsé. Biasana Mang Mahmud téh datangna sok Jumaah peuting, bari sakalian ngawal barang. Isukna ogé, sanggeus bérés nagihan mah, sok mulang deui ka lembur.

Meureun aya nu tumanya, di mana ari kuring dahar? Wah di pasar téh loba pisan sabangsaning tukang dahareun,malah daragangna ogé loba anu parat ti bada magrib nepi ka subuh. Anu matak teu susah ku dahareun mah, asal aya keur meulina.

Aya deui anu ngalantarankeun kuring lila ngarumas téh, nya éta dina urusan ka cai. Wayahna kudu daék ngincig ka Beulah kidul. Di dinya téh aya masjid lengkep jeung pamandian umumna. Ari kasorénakeun mah anu rék kacarai téh mani ngantay. Wayahna waé kudu lila nungguan.

Can gé saminggu, kuring geus boga kawawuhan. Enya anu pangheulana wawuh téh para patunggon jongko, anu pagawéan sapopoéna teu béda jauh ti kuring. Si Ahid jeung Si Sulé anu matuhna di kénca-katuhueun jongko tempat kuring. Si Ahid mah nungguan jongko sabangsaning beubeutian, ari Si Sulé mah jongko cau. Maranéhna geus lila maratuhna di Ciroyom téh, cenah. Pangna gancang loma ka nu duaan, lantaran umurna pantaran kuring, da ari anu tunggu di jongko séjén mah umurna saluhureun. Jeung maranéhna kuring bisa silih pihapékeun anu keur ditungguan, lamun kabeneran kuring kudu nyelang ka cai heula. Hal-hal naon waé anu aya di pasar, kuring meunang béja ti maranéhna, da geuning jelema anu unggal usik pagaliwota téh rupa-rupa, ti mimiti padagang nepi ka tukang copét.

                                    (Dicutat tina Patepung di Bandung, 2005:62-65)

 Laporan Pancen Klik di dieu!



Berlanggan Tulisan Via Email:

0 Response to "3.3. Novel"